Selasa, 03 April 2012

Waktu "MADE IN' Sunda

WAKTU ”MADE IN” SUNDA


JAM 12 -----> WANCI TANGANGÉ ATAWA TENGAH POÉ
JAM 13 -----> WANCI LINGSIR (PANON POÉ LINGSIR NGULON)
JAM 14 -----> WANCI KALANGKANG SATANGTUNG
JAM 15 -----> WANCI MÉNGOK
JAM 16 -----> WANCI (PANON POÉ) TUNGGANG GUNUNG
JAM 17 -----> WANCI SARIAK LAYUNG
JAM 17 – 18 -----> WANCI SANDÉKALA (WANCI SAREUPNA)
JAM 18 -----> WANCI SURUP (SURUP PANON POÉ)
JAM 19 -----> WANCI HARIEUM BEUNGEUT
JAM 20 -----> WANCI SAREUREUH BUDAK
JAM 21 -----> WANCI TUMOKÉ
JAM 22 -----> WANCI SAREUREUH KOLOT
JAM 23 -----> WANCI INDUNG PEUTING
JAM 24 -----> WANCI TENGAH PEUTING
JAM 01 -----> WANCI TUMORÉK
JAM 02 -----> WANCI JANARI GEDÉ
JAM 03 -----> WANCI JANARI LEUTIK
JAM 04 -----> WANCI KONGKORONGOK HAYAM
JAM 05 -----> WANCI BALÉBAT
JAM 06 -----> WANCI CARANGCANG TIHANG
JAM 07 -----> WANCI MELETÉK PANON POÉ
JAM 08 -----> WANCI NGALULUH TANEUH
JAM 09 -----> WANCI HANEUT MOYAN
JAM 10 -----> WANCI RUMANGSANG
JAM 11 -----> WANCI PECAT SAWED
Katerangan:

WANCI TANGANGÉ = panon poé keur manceran
WANCI LINGSIR = panon poé mimiti ngagilir (ka kulon)
WANCI KALANGKANG SATANGTUNG = ukuran kalangkang sarua jeung tangtungan
WANCI MÉNGOK = méngkol/déngdék (ka kulon),
WANCI PANON POÉ TUNGGANG GUNUNG = panon poé kawas nu keur tunggang dina luhur gunung,
WANCI SARIAK LAYUNG = mangsa layung rék lekasan,
WANCI SANDÉKALA (WANCI SAREUPNA)=panon poé kakara surup(waktu magrib),
WANCI SURUP (SURUP PANON POÉ) = panon poé asup kana cakrawala beulah kulon
WANCI HARIEUM BEUNGEUT = reyem-reyem (diibaratkeun urang ningal beungeut batur rememg-remeng).
WANCI SAREUREUH BUDAK = mangsana saré budak
WANCI TUMOKÉ = meujeuhna ka luar sora toké
WANCI SAREUREUH KOLOT = mangsana kolot reureuh/saré/leleson
WANCI INDUNG PEUTING = meujeuhna ka luar méga hideung gegeblogan (indung peuting téh nyaéta istilah séjén tina méga hideung)
WANCI TENGAH PEUTING = tengah-tengah dina mangsa peuting
WANCI TUMORÉK = keur meujeuhna jempling pisan, nepi ka dédéngéan urang asa ngahiung katorékan saking ku jemplingna.
WANCI JANARI GEDÉ = janarina gedé kénéh can kasilih ku subuh
WANCI JANARI LEUTIK = janari mimiti kaséréd ku subuh (ngagayuh/maju ka subuh)
WANCI KONGKORONGOK HAYAM = mimiti hayam raong kongkorongok
WANCI BALÉBAT = udat-udat bodas di beulah wétan
WANCI CARANGCANG TIHANG = tetempoan reyem-reyem diibaratkeun mun nempo tihang carangcang keneh, can atra.
WANCI MELETÉK PANON POÉ = mimiti témbong panon poé
WANCI NGALULUH TANEUH = mangsana patani ngaleyekan/nincakan taneuh pikeun galengan sawah (biasana patani téh saméméh ngagarap sawahna sok nyieun atawa ngoméan heula galengan)
WANCI HANEUT MOYAN = panon poé meujeuhna haneut/karasa ni'mat mun moyan
WANCI RUMANGSANG = panon poé mimiti karasa panas
WANCI PECAT SAWED= sawed téh tali paranti mageuhan pasangan munding kana kai dina mangsa ngawuluku/ngagarap sawah sangkan munding henteu pisah/babarengan, dipasangna dina beuheungna. Ari PECAT=lésot. Jadi mangsana 'lésot sawed' nyaéta ngagarap sawah ku munding bérés.


 Iing Firmansyah


Tidak ada komentar:

Poskan Komentar