Selasa, 17 April 2012

Ngeupeul kacang,,,


Aya hiji tehnik moro monyet di leuweung afrika (*jiga nu betul pernah kaitu..heheh :p ),
carana alus pisan, sabab ieu cara pikeun anu moro monyet kaayaan hirup, euweuh cacad saeutik oge.

Cara newakna saderhana, tukang moro ngan make keler/toples anu beuheung eta keler panjang jeung sempit. Eta keler dieusian kacang anu geus dibere aroma/bau. Tujuana sangkan monyet-monyet datang.

Sanggeus dieusian kacang, eta keler teh diruang dina taneuh, anu kaciri ngan beuheung toples diantep teu ditutupan.


Tukang moro ngalakukeunna pasosore. Isukna maranehna tinggal ngaringkus eta monyet-monyet anu leungeuna geus kajebak dina toples teu bisa dikaluarkeun. Naha bisa kitu ? lah pasti geus apal nya jawabana… hehehe


Eta monyet-monyet ngambeu aroma/bau anu kaluar tina toples, manehna ngilikan terus ngasupkeun leungeuna rek nyokot kacang anu aya dijero keler/toples. Tapi, kusabab leungeuna terus ngeupeul kacang, eta monyet teu bisa narik kaluar leungeuna, salila masih keukeuh nyeupeungan kacang-kacang anu dijero. Salila eta oge manehna kajebak. Toples/keler anu diruang kacida beratna keur manehna lamun diangkat/ditarik. Eta monyet moal bisa kamana-mana.


Hehehe… hebatnya akalna….


Jigana lamun eta monyet aya dihareupeun, urang bakal seuri ningali polah eta monyet-monyet. Tapi tanpa sadar saeunyana urang teh keur nyengseurikeun diri sorangan. Kadang-kadang sikep urang jiga monyet-monyet anu dicaritakeun diluhur. Urang keukeuh nyepeungan pageuh satiap masalah-masalah anu disinghareupan teu beda jeung monyet anu ngeupeul nyepengan kacang tadi.


Urang sok rajeun dendam, hese ngahampura, teu gampang mere hampura, sungut bisa wae ngomong ikhlas, tapi ruhak amarah masih dijero dada. Teu peurnah bisa leupas.


kadang, eta “toples-toples” sok dibabawa kamana wae urang indit. Beban anu sakitu beuratna, urang terus beusaha lempang. Teu sadar lamun sabenerna urang geus keuna ku perangkap panyakit hate anu akut.

Sabenerna eta monyet-monyet anu tadi bisa salamet lamun daek ngaleupaskeun keupeulan leungeuna.

Pon kitu urang bisa salamet tina eta panyakit hate, lamun saacan sare urang daek ngaleupaskeun “rasa katugeunah” kasaha bae oge anu aya pakuat-pakaitna/patula-patalina jeung urang. Kukituna urang bakal manggihan poe isuk anu “lenglang”, “caang”, “cerah”, disinghareupan ku imut anu ngagelenyu… pan urang ge apal lin lamun “sawarga” teh ngan pikeun jalma-jalma anu hatena bersih tur rancage.. !!


Wilujeng enjing, wilujeng mapang poe anu mustari…

Eonk Odas Eonk Odas

ti : http://ncepborneo.wordpress.com/2010/12/04/ngeupeul-kacang/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar