Selasa, 03 April 2012

Nitis Ngawanci : Mandala

Cur pulung Mandala Agung
Mandala Sastrahing Jendra
Mandala Hayuning Ratu
Mandala Pangruwating Diyu
Mandala jatining rasa

Geus ngucur jati rahayu
Jati Langit Lohing Mahpud
Nitis Bumi Loh Jinawi
Nitis sumereping ati
Ati kula ati Sunda
Matarema Insun – Dia
Ati rasa nu sajati
Nu ngancik na jero diri



Pur ngempur cahyahing Mandalajati,
nu ngebrak gilang gumilang,
Nu hurung jero kurungan
Pur ngempur Mandala Agung
Cahyahing gilang gumilang
Nu nyaangan Pawenangan

Sastrahing Jendra
Hayuning Ratu
Pangruwating Diyu

PANGGUMULUNG “keunupayakeun”
Mandala Jati kana “kunpayakuning” Mandala Agung
Rep rerep sumerep-hing gumulung nyarungsum balung
Tis nitis tumitis-hing ngagetih ngaati
Jleg ngadeg Sastra-hing Jendra
Hayun-hing Ratu Pangruwat-hing Diyu
Nyurup ngamanusa Sunda
Dina tangtungan khalifah

:) :) :) 'Beja Tilembur'

 Adam Immortal Soull

Tidak ada komentar:

Posting Komentar