Senin, 09 April 2012

Ngaran rupa-rupa Omongan


Ancad laér = ngomongna anca pisan.

Céntal, pacéntal-céntal = paséa, paréa-réa omong.

Eur-eur/garap = kabiasaan ngomong nu harésé rék pok/ngomong arap-ap areup-eup.

Galantang, ngagalantang = nyarita atawa pidato panjang tur tatag.
Galécok/garécok = nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun.
Garihal = omongan kasar matak nyentug kana ati.
Gebah, ngagebah = ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur reuwaseun.
Gebés, ngagebés = nyentak, ngahuit.
Gedebul = rahul, gedé omong, gedé bohong.
Gelendeng, ngagelendeng = ngomongan jalma (nu boga kasalahan), mapatahan, biasana paduduaan.
Gelendut, ngagelendut = nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lembut.
Gentem = omongan semu agem.
Gentra, ngagentraan = nyalukan.
Gerentes, ngagerentes = ‘ngomong’ di jero haté.
Gereyem, ngagereyem = ngomong laun ukur kadéngé ku sorangan.
Gero, ngagero = nyorowol, ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas atawa aya bahaya; ngageroan = nyalukan.
Gonjak, ngagonjak = ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseurieun).
Gorocok = beuki ngomong; ngagorocok = ngomong rusuh.
Gundam = ngomong kalawan teu sadar (biasana keur saré).
Gunem catur = ngawangkong, cacarita keuwih ti saurang.
Guntreng = cacarita duaan, sorana lalaunan.


Handap lanyap = omongan lemes tapi eusina ngahina.
Haréwos, ngaharéwos = nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur, sangkan ulah kadéngé ku nu lian.
Haréwos bojong = caritaan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku batur.
Hariweusweus = haliwu, nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas, jsté).
Haroshos = omongan anu méh teu kadéngé (sora jalma nu geus kurang napas).
Harung gampung = sompral, ngomong sangeunahna.
Hoghag = paréa-réa omong sarta patarik-tarik sorana (bioasana nu paséa atawa nu parebut bebeneran).
Humandeuar = ngomong (bari rumahuh), ngedalkeun kasusah, kahoréam, jsté (biasana jalma nu ngarasula).
Jejebris = ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goréng budi, ambek, jsté.

Kah = jawaban awéwé mun dicalukan.
Kecewis, ngecewis = ngecebrek, ngomong teu eureun-eureun.
Kecewas-kecewis = ngomongkeun batur ka ditu-ka dieu.
Kocéak, ngocéak = ngajerit, ngaluarkeun sora tarik lantaran maggih kasieun, jsté.
Kukulutus = gegelendeng, ngomong sorangan (bari ambek).
Kulan = jawaban lalak,mun dicalukan.
Kunyam-kunyem = ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab.

Sosoak = ngomong tarik bari ambek.

Iing Firmansyah Iing Firmansyah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar