Senin, 09 April 2012

Ngaran Patukangan

ANJUN                     =      tukang nyieun parabot tina taneuh
BUJANGGA            =      tukang nyieun/nulis carita
CANDOLI                 =      tukang ngajaga pabéasan di nu kariaan (biasana awéwé)
GENDING                =      tukang nyieun parabot tina kuningan
KABAYAN                =      tukang dititah ka ditu ka dieu
KAJINEMAN           =      1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
KAMASAN              =      tukang nyieun parabot tina emas atawa pérak
KEBOJENGKENG =      tukang ngagusur padati
KULAÉR                    =      kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung
KUNCÉN                  =      tukang ngurus kuburan
LEGIG                       =      tukang ngasruk dina pamoroan
MALIM                     =      tukang nalukkeun sasatoan
MARANGGI           =      tukang nyieun landéan jeung sarangka keris
MEREBOT                =      tukang nakol bedug
SARAWÉDI              =      tukang ngagosok permata
PAKACAR                =      bujang, juru ladén
PALATUK                 =      iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
PALÉDANG             =      tukang nyieun parabot tina tambaga
PALIKA                     =      tukang teuleum (ngala lauk)
PAMATANG           =      tukang moro nu sok ngagunakeun tumbak
PAMAYANG           =      tukang ngala lauk di laut
PANDAY                  =      tukang nyieun parabot tina beusi
PANINGGARAN   =      tukang moro
SARATI                     =      tukang ngusir gajah

Dicutat tina PEPERNIAN

Iing Firmansyah Iing Firmansyah

5 komentar:

  1. Ngabantos pisan Kang, hatur nuhun.

    BalasHapus
  2. Bermanfaat, hatur nuhun.. cuman dirapihkan lagi ya, postingannya.. hehe

    BalasHapus
  3. dupi bahasa sundana anu aya patalina sreng acara manawi terang kang?
    samisalna bahasa deungeunna mah CREW / OFFICIAL tah upami bahasa sundana anu simple sakata manawi terang????
    hatur nuhun

    BalasHapus