Selasa, 10 April 2012

Sesebutan ka Jelema

SESEBUTAN KA JELEMA




  1. Aki-aki = lalaki nu geus kolot pisan.
  2. Balég tampélé = mangkat begér, wani di tukangeun, ari di hareupeun éra kénéh.
  3. Bijil bulu mayang = saharti jeung balég tampélé.
  4. Budak = anak jalma nu can balég.
  5. Budak gumélo = budak nu san boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak kénéh, kira-lira umur 2-4 taun.
  6. Budak kamalolé = budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daék cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna.
  7. Budak pahatu = budak nu geus teu boga indung (ditinggalkeun maot).
  8. Budak yatim = budak nu geus teu boga bapa (ditinggalkeun maot).
  9. Budak pahatulalis = budak nu geus teu boga indung teu boga bapa.
  10. Bujang = lalaki nu geus balég tapi can kawin.
  11. Bujang jengléngan = jajaka tulén.
  12. Beubeureuh = kabogoh (lalaki).
  13. Bébéné = kabigih (awéwé).
  14. Cawéné = parawan, awéwé anu can kawin.
  15. Cetuk dawuk = jalma nu geus kolot, buukna geus méh kabéh bodas ku huis.
  16. Duda = lalaki nu kungsi boga pamajikan tur can kawin deui.
  17. Galak sinongnong = budak lalaki nu mimiti aya sir ka awéwé (sarua jeung balég tampélé, ngan geus rada aya kawani).
  18. Kolot = jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh.
  19. Kolot sapeuting = jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu kakara dijurukeun sapeuting.
  20. Kokolot begog = jalma nu nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan kolot.
  21. Kontrong-kontrong = jalma nu geus kacida kolotna leuwih ti aki-aki.
  22. Lanjang = awéwé nu can kawin.
  23. Ngomboan = lalaki nu mimiti begér ka awéwé, sorana mimiti ngagedéan.
  24. Parawan = cawéné, awéwé nu can kawin.
  25. Parawan jekékan = mojang tulén.
  26. Randa/rangda = awéwé nu geus diserahkeun atawa ditinggalkeun maot ku salakina.
  27. Randa béngsrat/kulanjar = randa nu saenyana mah parawan kénéh, can sapatemon jeung salaki méméh diserahkeun.
  28. Séngsérang panon = parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nénjo, resep naksir.
  29. Tangah tuwuh = jalma nu umurna kira-kira 40-45 taun.
  30. Turun amis cau = parawan nu mimiti begér.

Dicutat tina PEPERENIAN


Iing Firmansyah Iing Firmansyah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar