Selasa, 03 April 2012

Sisindiran

PANGJAJAP Mireng anggota ieu grup sareneng sisindiran, sim kuring seja jabung tumalapung sabda kumapalang ngaguar perkawis sisindiran. Nanging dihapunten, kalayan teu gaduh maksad mapatahan ngojay ka meri. Nu dipiharep malah mandar sasieureun-sabeunyeureun janten nambihan pangaweruh ngeunaan sastra Sunda hususna sisindiran, utamina kanggo nu teu acan uninga naon ari sisindiran.

NYANGGAKEUN....!



SISINDIRAN Sisindiran nyaéta karya sastra (Sunda) anu diwangun ku cangkang jeung eusi, masing-masing dalapan engang (B. Ind; suku kata). Dina umumna, sisindiran diwangun ku opat padalisan/jajar (dua padalisan cangkang jeung dua padalisan eusi). Conto Sisindiran nu diwangun ku opat padalisan: Ma-nuk rang-kong jeung ka-sin-tu (8 engang) ti-ku-kur ma-cok-an ku-nyit (8 engang) bu-uk gon-drong ré-a ku-tu (8 engang) di-cu-kur teu bo-ga du-it (8 engang) Padalisan kahiji (manuk rangkong jeung kasintu) jeung padalisan kadua (tikukur macokan kunyit), disebutna cangkang. Sedengkeun padalisan katilu (buuk gondrong réa kutu) jeung padalisan kaopat (dicukur teu boga duit), disebutna eusi. Lamun seug dipasing-pasing, sisindiran téh aya tilu rupa. Nyaéta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Kajaba wawangsalan, paparikan jeung rarakitan téh pada-pada diwangun ku opat padalisan sarta masing-masing dalapan engang. Kiwari réa sisindiran anu ngan diwangun ku dua padalisan (kawas wawangsalan), bari dina masing-masing padalisan henteu ngagunakeun patokan dalapan engang. Kawasna waésisindiran nu kitu téh nyonto kana tatarucingan jaman baheula. Sabab dina seuhseuhanana, tatarucingan jaman baheula gé méh sarimbag jeung sisindiran. Conto tatarucingan jaman baheula: Cingkuk Cingkul (ucing ngaringkuk dina pamikul). Toktar mangandeuh (tai kotok dina gantar nanggeuh). Tina tatarucingan jaman baheula kawas conto di luhur, tungtungna réa sisindiran anu diwangun ku dua jajar, saperti borondong garing (dirongkong kaburu nyaring), bandrék bajigur (anu pendék gedé bujur), Titik Sandora (budak leutik gedé sora), Bengawan Solo (parawan jomlo), bonéka cantik dari India (sangu saeutik ku saréréa), kaasup toroktok olé-oléan, jeung réa-réa deui. Conto Sisindiran kiwari anu ngan diwangun ku dua jajar: Jaka Sembung mawa areuy Teu nyambung euy... Mawa és dikéleran SMS teu diwaleran. Nyimpen bilik sisi kulah Rék balik ah... Jeung réa-réa deui

Paparikan Parik atawa parek hartina téh deukeut. Padeukeut. Maksudna antara cangkang jeung eusi téh diwangun ku kecap-kecap anu sorana padeukeut alias murwakanti. Sisindiran anu di luhur gé kaasup kana paparikan, kawantu padeukeut. Conto paparikan: Daun paré rawing garing siki gedang dikorangan mun saré tong peuting teuing bisi hudang kabeurangan. Tina kecap “daun paré” (cangkang) kana kecap “mun saré” (eusi) téh apanan padeukeut. Murwakanti. Kitu deui tina kecap “siki gedang” kana kecap “bisi hudang”. 

Rarakitan Sarakit hartina sapasang. Munding sarakit, upamana. Jadi rarakitan téh nyaéta sisindiran anu puhu kecapna papasangan. Conto rarakitan: Mun acanmeuli calana moal waka meuli samping mun acan jadi sarjana moal waka hayang kawin. Kecap “mun acan” dina padalisan kahiji téh kapanggih deui dina padalisan katilu. Kitu deui kecap “moal waka” dina padalisan kadua anu kapanggih deui dina padalisan kaopat. Écés sapasang-sapasang. Conto rarakitan séjénna deui: Batur mah jalan ka Dago abdi mah muter Jatayu batur mah mareunang jodo abdi mah angger teu payu. Lamun seug henteu papasangan kawas dua conto rarakitan di luhur, aya deui anu puhu kecapna sarua atawa papak. Conto rarakitan anu kecapna sarua atawa papak: Sok hayang nyaba ka Bandung Sok hayang nyaho nanjakna Sok hayang nanya nu pundung Sok hayang nyaho nyentakna. Wawangsalan Paparikan jeung rarakitan mah dina umumna diwangun ku opat padalisan. Sedengkeun wawangsalan mah ngan diwangun ku dua padalisan, pada-pada dalapan engang. Conto wawangsalan: Walungan di Kota Bandung abdi undur sanés pundung. Padalisan kahiji (walungan di Kota Bandung) téh henteu béda ti hiji tatarucingan, anu jawabanana baris kapanggih dina padalisan kadua. Jadi anu dimaksud walungan di Kota Bandung téh nyaéta Cikapundung, anu kanyahoan tina kecap “pundung” dina padalisan kadua. Conto wawangsalan séjénna deui: Buuk palsu dijualan Henteu hadé ruwag-rewig. (wangsalna téh henteu salah, nyaéta wig). Eusi Sisindiran Ditilik tina eusina, sisindiran téh aya tilu rupa. Nyaéta anu eusina piwuruk, silih asih jeung sésébréd (heureuy). Conto sisindiran eusina piwuruk: Daun jambu siki huni jambu médé kembang jaat mun dibaju masing buni teu hadé katémbong orat. Anak kuya di sagara aya bogo dina batu di dunya urang ngumbara tong poho nu lima waktu Conto sisindiran anu eusina silih asih: Samping hideung dina bilik kumaha nuhurkeunana abdi nineung ka nu balik kumaha nuturkeunana. Sapanjang jalan Soréang moal weléh diaspalan sapanjang tacan kasorang moal weléh diakalan. Conto sisindiran anu eusina sésébréd: Rincik rincang-rincik rincang angeun lompong ditutuan sidik pisan-sidik pisan nu ompong euweuh huntuan. Wéra jangkung daun cabé séréh lamping ditalian éra tepung jeung Pa Lebé méméh kawin geus eusian. Cag.

(saduran ti catetan : Balébat, 30 Juni 2011 Firmansyah - Caraka Sundanologi)

 Marlina Andreas

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar