Senin, 09 April 2012

Kecap sesebutan bilangan nu dilarapkeun kana barang


KECAP SESEBUTAN BILANGAN NU DILARAPKEUN KANA BARANG NU TANGTU
(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda putra-putri sadérék)

Ambekan = sadami
Awi = sabébék
Awi = saleunjeur (satangkal)
Awi = sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)
Bako = salémpéng
Bangsal = sacangi (sasiki)
Bawang = sasihung (sasiki)
Béas = sacanggeum
Bilik = sailab (sagebing)
Boéh = sarirang (tilu iket) Cai = sakeclak
Cangkir = satangkep (cangkir katut pisinna)
Cau = sasikat
Cau = saturuy (sababaraha sikat)
Daun = saponggol (sagagang daun)
Daun = sakompét (sababaraha ponggol meunang nyuitan, tuluy dilipet)
Eurih = sajalon (meunang ngadempét ku awi pikeun hateup)
Gula kawung = sabébék (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
Gula kawung = sagandu (dua bébék, dua beulah)
Hayam = sajodo (bikangna jeung jagona)
Injuk = sakakab (sageblég, meunang nolokopkeun tina tangkal kawung; injuk sok dipaké tambang atawa dipaké nutupan suhunan imah)
Jahé = sarémpang
Jambé = samanggar
Japati = sajodo
Kalapa = sahulu
Kalapa = samanggar
Kaso = sadapur; saluwuk
Kertas = salambar
Konéng = sasolor
Manjah = sadapur; saluwuk
Munding = sarakit (dua munding)
Muncang = sadampa (dampa sesebutan kana muncang anu sikina dua, ari nu sikina tilu disebut gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul)
Nangka = sacamplung (sasiki)
Pakéan = sapangadeg
Papan = salambar
Paré = saranggeuy (sagagang)
Peuteuy = sapapan
Peuteuy = sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
Peuteuy = saémpong (sababaraha hanggor)
Salak = samanggar
Samping = sakodi
Sangu = sapiring
Sangu = sabakul
Sawah = sakotak
Suluh = sabébék (nuduhkeun hiji – sabeulah)
Tambang/tali = sabatekan
Uyah = sahuntu (saguruntul kira-kira sagedé huntu)
Uyah = sagandu, sabata

Iing Firmansyah Iing Firmansyah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar