Selasa, 03 April 2012

Runtuyan Raja Raja Sunda

Astaghfirullah Al adzim 40 x......Bul kukus nurun ka manggung, ka manggung ka sang rumuhun, ka batara ka batari ka batara neda suka ka batari neda suci kanu Agung neda widi..................

Ieu carita buhun nu tos langka sareng kahilapkeun, mugia ngahudang deui seni-seni Sunda buhun. Mung ieu teh teu apal saha nu mantunna, Mang Otong Suganda kitu nu kantos kasohor?

Inti carita : Raja Pajajaran Prabu Siliwangi teh gaduh seueur garwa, diantara para permaisuri nyaeta Nyi Mas Padmawati nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina. Ngajadikeun pangsirikan ti garwa2 Prabu Siliwangi nu sejenna.

Hiji waktu Nyi Mas Padamawati teh ngimpen ningalan jimat Layang Salaka Domas gaduhna Guriang Tujuh. Raja Siliwangi teras miwarang Nyi Mas Padmawati pikeun milairan jimat eta, mun teu bukti bakal diuhukum pati. Ahirna Nyi Mas Padmawati minangsaraya ka putrana Raden Mundinglaya Dikusumah.

Ngan hanjakal carita pantun ieu teu tamat, nuju milarian deui sambungana

RUNTUYAN RAJA RAJA SUNDA

Raja-raja Karajaan Sunda

Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):

1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
2. Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
4. Rakeyan Banga (739 - 766)
5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
15. Munding Ganawirya (964 - 973)
16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
17. Brajawisésa (989 - 1012)
18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
32. Prabu Bunisora (1357-1371)
33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
38. Prabu Sakti (1543-1551)
39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)
 Akang Urang Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar