Senin, 09 April 2012

Kecap Sesebutan Waktu


Sakedét nétra --> (asalna sakedép nétra), kedép=kiceup. Jadi sakedét nétra hartina sakiceup, nucuhkeun waktu nu sakeudeung pisan.
Sakilat --> nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, méh saharti jeung sakiceup, diupamakeun kana (lilana) kilat nu ngaburinyay.
Sapanyeupahan --> nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana, kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyeupah.
Sapangéjoan --> nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung anu keur ngéjo (nyangu)
Saumur jagong --> kira-kira tilu bulan satengah
Sataun landung --> sataun leuwih


KECAP SESEBUTAN WAKTU SÉJÉNNA
1.       Poé ieu disebut ayeuna
2.       Poé nu geus kaliwat sapoé disebut kamari
3.       Poé saméméh kamari disebut mangkukna
4.       Sapoé nu bakal datang disebut isikan
5.       Sapoé sanggeus isukan disebut pagéto
6.       Sabada pagéto disebut pagéto amat
7.       Waktu nu cikénéh karandapan disebut bieu
8.       Waktu nu rada lila kaliwat disebut tadi
9.       Waktu nu geus lila kaliwat disebut baréto
10.   Waktu béh ditueun baréto disebut baheula
11.   Waktu nu sakeudeung deui karandapan disebut engké
12.   Waktu nu bakal datang (lila kénéh) disebut jaga, isuk jaganing pagéto

Dicutat tina PEPERENIAN

Tidak ada komentar:

Posting Komentar