Selasa, 10 April 2012

Rupa-rupa Diuk

RUPA-RUPA DIUK
  1. Andegléng = diuk ajeg tumaninah dina korsi. 
  2. Andéprok = émok rékép. 
  3. Anjeucleu = diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur. 
  4. Campego = cingogo kawas aya nu didagoan. 
  5. Candeluk = diuk sabaraha lila kawas aya nu didagoan. 
  6. Cangogo/cingogo = nagog, peta saperti nu keur bubuang. 
  7. Émok = diuk awéwé, sukuna duanana ditikelkeun semu ka gigir ditindihan ku dua pingping. 
  8. Émok cabok = émok nu pingpingna dipatumpangkeun. 
  9. Nagog = cingogo. 
  10. Nanggeuy gado = diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipaké nanggeuy gado; diuk naggeuy gado biasana keur ngalamun atawa baringung pipikiran. 
  11. Ngabaheuhay = diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun, biasana lantaran capé. 
  12. Ngabebengkong = diuk rada lila semu bengkung, bari nganggur. 
  13. Ngalageday/ngalegeday = diuk nyangsaya (biasana dina korsi males, jsté). 
  14. Nyanghunjar = diuk bari ngalinjorkeun suku sabeulah. 
  15. Nyanghunjar lambar = diuk bari ngalinjorkeun suku duanana. 
  16. Nyangsaya = diuk bari nyarandékeun awak kana tempat nu disarandéan. 
  17. Sidéngdang = diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah panggung nu aya kolongan); lamun sukuna duanana diayun-ayun disebutna ucang-ucangan; lamun sukuna diayun-ayun bari didiukan budak disebutna ucanganggé (sarupa kaulinan). 
  18. Sideuha = diuk émok atawa sila bari leungeun sabeulah dipaké nulak/nunjel awak. 
  19. Sila = diuk bari nikelkeun suku duananahandapeun pingping nu didéngkakkeun. 
  20. Sila andekak = sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan. 
  21. Sila ipis = sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jébrag. 
  22. Sila mando = sila bari leungeun duanana aya diantara dua suku nu ditumpangkeun, awak biasana semu doyong ka hareup. 
  23. Sila tumpang = sila bari dampal suku duanana numpang dina ping[ing kénca katuhu. 
  24. Sila tutug = suku nu sabeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun. 

                                         

Tidak ada komentar:

Posting Komentar