Rabu, 04 April 2012

kanggo Lembur Kuring

Sakabeh Dulur dilembur kuring...

Sajauh-jauhna manusa ngarantau pasti bakal balik deui ka asalna nyaeta lembur kuring, Naon hasilna salama diperantauan ? nyaeta pangalaman jeung amalna. Dunya nyaeta tempat nanam benih diri manusa pastina akherat atawa lembur kuring nu hakiki nyaeta tempat metik hasilna, Dulur...tapi nu janten bahan tafakkur...Kumaha nyatana eta benih nu ditanam ku urang salaku manusa salama aya dialam dunya ? Naha bakal janten manis atanapi pait engke hasilna di lembur kuring nu hakiki ?

Wallohu 'Alam...

Dulur...mugia urang sadayana sing kagolongkeun manusa anu salamet di lembur kuring nu hakiki,amin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar