Senin, 09 April 2012

Kecap Panganteur


Dina basa Sunda aya nu disebut Kecap Panganteur, boh kecap panganteur pagawéan boh kecap panganteur kaayaan. Ieu kecap téh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Urang titénan geura...!
Am --> dahar
Barakatak --> seuri
Bek, habek --> dahar
Berebet --> lumpat
Beretek --> lumpat
Béréwék --> soék/soéh
Biur --> 1). Ngapung, 2). lumpat
Blak --> nangkarak
Blok --> bahé
Blug, geblug --> 1). labuh, 2). ragrag/murag (barang gedé sarta beurat)

Bluk --> 1). nyuuh, 2). nangkuban
Blus, geblus atawa bus --> asup, abus
Brak --> dahar, dalahar
Bral --> indit, miang
Bray, gebray  --> 1). beunta, 2). caang, 3). Muka
Bréh --> manggih, nempo barang nu asalna kahalangan
Breg --> 1). hujan, 2). jalma daratang ka hiji tempat, sakaligus.
Breng --> 1). indit, 2). haliber, 3). nabeuh gamelan
Bres --> ngasupkeun barang kana wadahna (upamana pakéan kana koper)
Bret --> pegat
Bro, bru --> 1). neundeun barang sasokna, 2). méré
Brul --> ngabrul
Brus, gebrus --> 1). mandi, 2). ngasupkeun barang kana cai
Bus --> asup
Burusut --> ngising
Cat --> unggah
Celengkeung --> ngomong/nyarita
Celengok --> nyium
Cep --> tiis
Cer --> kiih
Ceuleukeuteuk, ceukeukeuk --> seuri
Cikikik ---> seuri
Clak --> 1). tumpak, 2). nyakclak (cai)
Cleng --> ngacleng
Clik --> murag (barang leutik)
Cong --> nyembah
Crot --> nyiduh
Deker --> 1). dahar, 2). Digawé
Dug --> saré
Gampleng --> nampiling
Gantawang --> nyarékan
Gap --> nyagap
Gaplok --> nyabok
Gék --> diuk
Gebeg --> reuwas
Gebrét --> hujan gedé pisan
Gedig --> indit
Gejebur --> abus kana cai
Gejos --> nojos
Gejlig --> 1). Turun, 2). indit bari ambek
Gejrét --> 1). murag (sarta peupeus), 2). turun pohara, morosot, jadi murah (harga barang)
Gel --> nugel (motong sakali sapat)
Geleber --> hiber
Geleser --> maju
Geuleuyeung --> maju lalaunan
Gewewek --> ngégél
Gok --> paamprok
Golédag --> ngedeng
Hing, nging (ngéng) --> ceurik
Jedak --> diadu
Jeduk --> tidagor
Jep -->1). jempé, 2). Jempling
Jleng --> luncat
Jol (torojol) --> datang
Jrut, jut --> turun
Jung --> nangtung
Kécéwér --> kiih
Kerewek --> nyekel
keteyep
Kop --> nyokot
Kuniang --> hudang
Lar --> ngaliwat
Lat --> poho
Leguk --> nginum
Lek --> neureuy
Léos --> indit
Lep --> teuleum
Les --> ngaleungit
Luk --> tungkul
Nyah --> beunta
Nyéh --> imut
Nyel --> ambek
Nyot --> udud
Orolo --> utah
Paralak --> hujan
Pelenyun --> udud
Pes --> pareum
Pluk --> murag
Pok --> ngomong
Pudigdig --> ambek
Rap --> dibaju, maké pakéan
Réngkénék --> ngigel
Reg --> eureun
Regot (rot) --> nginum
Rep --> 1). tiis, 2). Jempé
Reup --> 1). peureum, 2). poék, 3). saré
Rey --> sieun
Sebrut --> narajang
Sedut/dut --> hitut
Segruk --> ceurik
Sirinting/sirintil --> nyampeurkeun
Sot --> dilésotkeun, ménta dilésotkeun
Srek --> 1). paantel kulit, 2). rasa haté
Térékél --> naék
Trét --> nulis

Iing Firmansyah Iing Firmansyah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar