Selasa, 17 April 2012

Ali Kucel


isuk-isuk si Ncep geus gek diuk dina golodok imah akina, kadenge aki Djuanta keur ngahariring,,, durarang,,, duraring,,, bari heheotan
Sampurasuuuunnnnn,,,, ceuk si ncep
rampes,,,, ki djuanta nembal, bari ngancingkeun kampret belelna, kaluar nyampeurkeun datangna sora
gning ilaing Ncep ???,,, tas timana ?
ngahaja weh ki,,, rek neangan anu euweuh,,,, qiqiqiii
angger ilaing mah ari ditanya teh, sok nulain-lain ari ngajawab teh !!
ncep: hehee,,,,

sanes Ki, teu ngartos abdi mah, naha jalmi sapertos aki kedah nganggo raksukan belel kitu, saderhana pisan,,, pan dijaman sapertos ayeuna mah nganggo raksukan anu sae teh peryogi pisan Ki, sanes mung saukur kanggo penampilan, tapi kanggo tujuan anu sanes,,, nya meh diajenan weh kunu sanes
ki Djuanta nyerengeh,,, terus ngaluarkeun ali kucel dina salah sahiji ramona, bari nyarita,,,,
yeuh Cu,,, rek dijawab ku aki eta pananya hidep teh, tapi aki rek menta tulung heula ka hidep anaking. bawa ieu ali ka pasar anu dipentas jalan itu, bisa pangjualkeun teu saharga sa gram emas ???
si ncep anu nampanan eta ali anu kucel ngarasa ragu,,,,
sa gram Emas ???,,,
abdi teu yakin Ki, ieu ali tiasa di ical sahargaeun eta
ki Djuanta,,,, deuh angger ilaing mah, can dicoba geus murengked,,, jig kaituh cobaan heula bawa kapasar, saha nu nyaho hasil,,, !!!
si Ncep, ngingkig nurut kana kahayang akina, manehna nawarkeun eta ali anu kucel ka tukang dagang daging, sayur, lauk oge kanu lianna. euweuh hiji oge anu wanieun meli saharga sa gram emas, kajeun aya anu nawar sa harga sa gram perak, nya tibatan katanyaan ku akina, manehna teu wani ngajual. menehna balik deui ka imah akina, bari nyarita,,,,
Ki,,, teu aya anu kersaeun. aya anu nawis oge sa harga sa gram perak,,, ceuk si ncep ka akina
bari nyerengeh ki juanta neuteup incuna,,,
heuheuheuuu,,,, ayeuna kieu Cu, jung indit ka toko emas ditukangeun ieu jalan. coba perhatikeun ketakna toko emas anu araya didinya. omat hidep ulah buka harga, reungeukeun we maranehna mere panileyan kana ieu ali.
jiussss,,,, si ncep rikat lumpat, bari teu poho ngajewang katimus anu dina piring seng dua,,,, :p
teu lila si ncep geus datang, bari paroman beungeutna jiga anu gumbira. terus laporan ka akina,,,
Ki,,, sing horeng ari anu daragang tadi dipasar mah teu apaleun kana ieu barang, na ari ku tukang emas mah ditalawar ku harga 100 grm emas ning. gning niley ieu ali anu katingalina kucel teh 100 kali lipet tina tawaran anu dararagang di pasar.
ki Djuanta anu teu weleh seuri, nyarita laun,,,, tah eta jawaban hidep tadi teh Cu,,, manusa mah teu bisa ditiley tina pakeanna. jiga ali anu katingalina kucel tadi,,,, ngan padagang sayur, lauk, jeung daging dipasar anu boga panileyan kitu soteh, pan beda jeung tukang emas mah,,, heuheuheu
emas permata anu aya dina DIRI hiji jalma, ngan disa ditingali jeung diniley dimana urang mampu ningali kana jero JIWA. diperlukeun ka-arif-an pikeun ngalongokna. jeung eta perlu PROSES,,
yeuh Cu, regepkeun,,,, urang moal bisa nganileyna ku ucapan jeung sikap anu kadeuleu sajorelat.
loba anu disangka emas ari pek ukur loyang, jeung naon anu disangka loyang singhoreng emas.
dina kaHIRUPan ieu, urang sok pirajeunan ngan ukur ningali cangkang hungkul. padahal, saestuna panampilan/cangkang teu bisa ngajelaskeun eusi-na. jiga ali kucel anu tadi,,, padahal ngabogaan harga anu luhur.
kusabab kitu, OMAT cu,,, ulah sok nganiley batur tina panampilan atw cangkangna hungkul. sing hade sangka kasasaha oge, tah eta peupeujeuh keur peupeujuh ti aki mah,,,
meunggeus atuh,,, lain ngahekak we kana katimus teh, bagean aki,,,!!!
Ncep,,, hihiiii,,, panya teh kanggo abdi sadayana
Hatur nuhun Ki, katampi kanyaahna

Eonk Odas Eonk Odas


ti : http://ncepborneo.wordpress.com/2011/04/21/ali-kucel/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar