Selasa, 17 April 2012

Kalakuan


rek nepungan babaturan di daerah Kembang Awi, harita turun tina angkot geus dikurububung ku tukang beca anu keur ngariung maen gapleh nyalampeurkeun nawaran jasana katiap panumpang anu turun tina angkot bareng jeung kuring.
bade kamana Ncep,,, ceuk tukang Beca ??
Kembang Awi, mang,,,,
oh mangga ,, !!! bari nonggengkeun beca, maksudna kuring dititah naek,
ke,, ke,,, sabaraha mang ??
20 rebu weh cep,,, ceuk tukang beca bari muka tutup palastik, da harita kabeneran keur hujan miripis
15 rb weh nyak,,, ceuk kuring ??
ulah atuh ncep,,, tebih !!,,, 20 rebu teh dugika buruan ieu mah
owh,,, apal kitu mang ka daerah Kembang Awi ??
ih,, ulah ditaros Cep,,, pan emang mah asli urang Bandung, tos manukna,,, sok naek Cep, ngararisan lah keun bae ,,,

kalacat kuring naek, bari nanya kanu keur ngaboseh,,
dupi ka Kembang awi lami teu mang ti dieu ?? ceuk kuring,,
lumayan tebih,,, wios ncep mah calik we,,, ke upami tos dugi diwartosan,,,
15 menit beca terus diboseh,,, kadenge napas anu ngaboseh huk,,, hek.
beca rada ngoloyong kakenca, reug eureun di hareupeun hiji warung,,,
kuring nyoba ngilikan,i ningali tina sela2 hordeng palastik,,,
kadenge eta tukang beca keur nanya katukang roko dimana daerah Kembang awi. katingali tukang roko ngangkat taktakna bari leungeuna duanana namprak, tandana teu nyaho,,,,\m/
kalacat, tukang beca naek deui kanu sadel becana bari terus ngaboseh,,,
hujan beki keureup,,, jaba jalan tag teg tog,, liang hungkul teu kadeuleu kusabab cai kolomeran anu ngeuyeumbeung minuhan dijalan jiga balong.
30 menit te karasa,,, tukang beca terus ngaboseh becana,,, teuing rek dibawa kamana ieu kuring,,, tapi, kusabab kuring geus percaya kamanehna,,, teu was was hate teh, da nyaritana eta tukang beca teh geus manukna di kota Bandung.
karasa beca rada lalaunan majuna, terus ngoloyong deui beuki ka kenca,,, ngadeukeutan tukang es lilin dina roda anu katingalina masih ngora keneh, keur ngiyuhan kahujanan.
pok anu dina luhur beca nyarita,,,, cing Jang ari ilaing apal teu daerah Kembang Awi,,, kuring tatadi neangan teu kapanggih.
tukang es nyarita,,,, oh tebih keneh atuh mang, tilu kali setopan jeung ngaliwatan jambatan anu rauksak deuih,,,
heueuh atuh jang,,, nuhun. ceuk tukang beca bari neruskeun deui ngabosehna.
stopan kahiji kaliwatan,,, kadua,,, katilu,,, bener weh aya jamatan rusak. terus tukang beca nanya deui ka salah saurang kolot anu keur ngoreh2 solokan anu meuneut ku runtah,,,
punten pa bade tumaros,,, dupi Kembang Awi teh kapalih ditu kitu ???,,, ceuk tukang beca bari curukna nunjuk kapeuntaseun jamatan anu ruksak,,,
sumuhun,,, mung aya 500 meter deui mah, jaba barecek deuih jalanna,,, sareng eta beca moal tiasa mentas jamatan mang, mung tiasa dugika dieu,,, ceuk eta kolot,,,
oh,,, kitu nateh eta tukang beca muka hordeng palastik terus nyarita ka kuring,,,,
katingali kesang campur jeung cai hujan, jigana cape ngaboseh beca sakitu jauhna ampir sa jam sabab kadenge sorana rada eungos ngosan,,,
Cep, mung tiasa dugi kadieu,,, da itu jamatanna reuksak.
owh,,, kumaha atuh ?? makaning masih tebih keneh 500 meter deui ??,,, sesana abdi diakod ku emang kitu ???,,, ceuk kuring bari rada meseum,,, hehee
duh cep, ieu ge teu sabanding sareng ongkosna,,, !!!
Hooorrr,,, apan perjanjianna oge teu kitu mang,,, abdi bade dijajapkeun dugika payunen bumi. naha ayeuna ngan seret dieu ning ???,,,
tos teu kiat cep, emangna lungse jaba lapar deuih, puguh narik ncep teh ngararisan ieu ge,,,
hehee,,, matakna mang, ulah haripeut ku panumpang,,,, meni paheula2 hayang panumpang teh,,, bari teu apal tujuan !!!
matak ulah ngaku-ngaku apal lamun teu nyaho,,,,, kahancuran tah akibatna. awak ruksak ku pamolah sorangan,,,, bari song duit 20 rebu di asongkeun kanu keur ngahodhod,,,
tukang beca tertunduk malu,,,,

Eonk Odas Eonk Odas


ti : http://ncepborneo.wordpress.com/2011/02/01/kalakuan/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar