Selasa, 10 April 2012

Obahna Leungeun

OBAHNA LEUNGEUN
  1. Garo, gagaro = ngeruk-ngerukkeun ramo leungeun (kuku) kana kulit lebah nu ateul.
  2. Garo ganyang = gagaro saluar awak.
  3. Garo maling = gagaro bari teu sadar, keur saré.
  4. Garo singsat = gagaro bari nyingsat, lantaran geus teu sabar, atawa lantaran ambek (awéwé).
  5. Garo-garo teu ateul = gagaro tukangeun ceuli, nandakeun bingung atawa keuheul.
  6. Gupay, ngagupay = ngobahkeun leungeun tanda nitah nyampeurkeun, nyalukan ku isarah leungeun.
  7. Gugupay = ngobahkeun leungeun tanda mileuleuyankeun (nu indit atawa nu mileuleuyankeun).
  8. Malédog = ngalungkeun batu, jsté. Kalawan tarik, kana sato: anjing, jsté.
  9. Mencét = neueulkeun atawa ngadempétkeun indung leungeunjeung curuk kana barang, bagian awak, jsté.
  10. Mencétan = neueul-neueulkeun indung leungeun kana awak batur nu karasa carangkeul atawa nyareri sangkan cageur.
  11. Meureup = ngeupeulkeun leungeun.
  12. Meureupan = ngeupeulkeun leungeun diacung-acung, nangtang atawa ngajak gelut ka batur.
  13. Nakis = nahan paneuggeul batur ku leungeun, supaya ulah keuna kana awak.
  14. Nakol = neunggeulkeun barang teuas ku leungeun kana barang séjén: nakol bedug, nakol goong, jsté.
  15. Naleukeum = nempatkeun leungeun atawa siku duanana nu dipaké nahan awak, kana méja, kana barang nu malang.
  16. Nampiling = neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.
  17. Nanggeuy = mawa barang dinadampalleungeun ditamprakkeun, leungeunna tina semet siku sina ajeg (nanggeuy baki, jsb).
  18. Nangkeup = ngadekkeun barang jsté, bari ngeukeupkeun leungeun duanana (ilaharna dilakukeun ka jelema).
  19. Nangkeup sirah = nyekel sirah beulah tukang ku leungeun duanana nu ramona dipacorokkeun.
  20. Nangkeup harigu = nempatkeun leungeun duanana sina julat-jalit dina harigu.
  21. Néké = ngetrok sirah atawa tarang batur ku tonggong ramo nu ditikelkeun.
  22. Neunggeul = ngeunakeun leungeun sakuat-kuatna supaya batur nyerieun.
  23. Ninjul = nekenkeun tungtung ramo kana awak batur, biasana kana cangkéng.
  24. Noél = ngeunakeun tungtung curuk kana awak batur, maksudna méré béja atawa isarah.
  25. Nepak = ngeunakeun dampal leungeun atawa ku dampal ramo opatanana.
  26. Nonjok = ngeunakeun peureup kalawan tarik.
  27. Nunjuk = nuduhkeun ku curuk.
  28. Nungkup = nutupan nu molongo ku leungeun, nutupan sungut nu keur heuay.
  29. Nuyun = nungtun, nyekelan leungeun budak, jsté, dibawa leumpang.
  30. Ngajembél = nyiwit rosa ku indung leungeun jeung tengah-tengah curuk.
  31. Ngaléng = nyangkolkeun leungeun kana leungeun batur nu aya di gigireunana palebah taktak.
  32. Ngarameus = ngalembutkeun barang ku ramo limaanana jeung dampal leungeun.
  33. Ngarawu = nyokot barang (laleutik) ku dua dampal leungeun nu diréndéngkeun sarta dikewungkeun.
  34. Ngarongkong = nyodorkein leungeun (awak milu obah) pikeun nyokot barang nu rada anggang, teu katepi bari diuk.
  35. Ngélék = barang bawa dina kélék didempét ku peupeuteuyan.
  36. Ngéprét = ngobahkeun leungeun baseuh digentakkeun supaya cai nu napel ngaracleng; ngobahkeun leungeun (ramo limaanana) ngagentak kana awak batur (biasana kana beungeut) supaya nyerieun.
  37. Ngeupeul = nyekel barang dina lengeun nu dikeupeulkeun (barangna digenggem ku ramo limaanana).
  38. Nyabok = nampiling, neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.
  39. Nyakar = ngoét tapi leuwih parna ku kuku kabéhanana.
  40. Nyawuk = nyokot barang (laleutik; béas, keusik, jsb) ku ramo kabéhanana jeung dampal leungeun sakaligus.
  41. Nyewol = nyokot atawa ngalaan ku leungeun rada loba (nyewol sangu, nyewol pais lauk, jsb).
  42. Nyintreuk = ngabetrikkeun tungtung jajangkung kana awak batur (biasana kana ceuli) supaya nyerieun; kana sato leutik (sireum, laleur, jsb) supaya paéh.
  43. Nyiwit = ngeunakeun indung leungeun jeung tengah-tengah curuk (nyapit) kana awak batur supaya nyerieun.
  44. Nyokot = mindahkeun barang tina tempatna, boh jauh boh deukeut, ku leungeun pikeun dipaké, didahar, jsb.
  45. Nyokél = mukakeun barang, peti, jsb. anu teu bisa dibuka, ku alat saperti linggis, obéng gedé, jsb.
  46. Nyolék = nyokot atawa ngalaan barang beyé/leuleus (sangu, jsb) mku ramo atawa ku parabot, séndok, jsb.
  47. Nyolok = ngasupkeun barang nu panjang kana liang; ngasupkeun curuk kana liang irung, jsb.
  48. Nyomot = nyokot barang saeutik ku tungtung ramo (béas, tipung, sangu, jsb).
  49. Sidakep = merenahkeun leungeun duanana kana dada.


Iing Firmansyah Iing Firmansyah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar