Selasa, 03 April 2012

Pais Lauk

PAIS LAUK
oleh Enang Rokajat Asura pada 07 Juni 2011 jam 21:12
Carpon : E. Rokajat Asura

Saban balik ka lembur, pasti we kuring mah kudu ngalangeu di tepas. Hayang mulangkeun panineungan. Siga neuteup layar video, sakali mencet tombolna bruh-breh kalakuan mangsa ka tukang. Masih siga baheula puguh ge imah kuring teh. Imah panggung, suhunan julang ngapak, sakurilingna masih ku bilik. Ngan kadieunakeun bilik di gigir jeung lalangit, diganti ku bilik hias ti Ciwidey. Ari tihang-tihang nepika palang gigir jeung cemped mah angger nu baheula, kai jati Kalimantan bawa bapa waktu sok pulang anting Bandung-Banjarmasin. Nu matak waktu kang Sulaeman ngajak badami rek ngarehab imah digedongkeun, kuring keukeuh teu satuju. Lain pedah teu mampu, tapi sieun kaleungitan carita-carita nu kungsi kaalaman baheula. Meujeuhna cekeng teh, sataun sakali riung mungpulung didieu, ngecagkeun sagala status jeung masalah nu saban poe disinghareupan. Malah waktu kebon tukang aya nu ngaririhan rek dijieun sakola cenah, kajeun nepika urusan di kantor pulisi, kuring keukeuh teu mikeun. Sieun kaleungitan carita lawas, sieun recetna manuk diganti ku recetna barudak.
Memang pada ngageuhgeuykeun waktu kuring nyarita, moal aya jaman ayeuna mun teu ngaliwatan jaman kamari. Sawajarna lamun mangsa ka tukang teh dipupusti, ngarah urang teu kaleungitan tapak. Malah ceuk pamadegan kuring, nu disebut warisan teh teu ngan saukur runggunukna imah atawa lembur, tapi nu pantes jeung kudu leuwih dipupusti mah nyaeta carita nu teu bisa dipisahkeun tina runggunukna ragawi. Sajarah tea meureunan disebutna. Sabab eta pisan nu moal bisa dibeuli jeung diijir dihargaan kajeun make duit jutaan dollar. Nu matak sok asa diteungteuinganan kuring mah, waktu tangkal kalapa di buruan tukang dituar pedah geus teu kaala buahna. Naha sagala rupa nu geus teu kaala buahna, kudu dituar pada nyingkahkeun. Rajeun lamun masih keneh aya nu ngahargaan teh keur pantar suluh. Enya, suluh.

Waktu ema repot narah dibawa ka rumah sakit, ngan kuring anu teu maksa. Kang Sulaeman mah langsung tutunjuk majar kuring embung kaasaan rejeki, teu bela kanu jadi kolot cenah. Atuh kang Hafid sarua morongos, kajeun jujualan cenah keur manehna mah, tibatan teu bisa mawa ema ka rumah sakit. Ari ki adi mah ngan ngarenghik sangkan kuring ngidinan. Ngarah teu panasaran ari geus disareatan mah cenah. Cekeng teh, kuring mah lain urusan duit. Yeuh bisi teu percaya, kituna teh bari ngaluarkeun gepokan duit tina tas meunang ngahaja nyokot waktu di kota kacamatan pareng ninggali aya ATM. Memang geus disiapkeun bisi engke darurat.

"Jadi naon atuh lamun lain urusan duit mah ?" kang Sulaeman rada keukeuh, digoongan ku kang Hafid.

"Ema nu boga carita di ieu imah. Ema nu boga hak keur nangtukeun jalan ka hareupna." cekeng teh. Ngabandungan caritaan kuring siga kitu, saurang ge euweuh nu teu gogodeg. Malah kang Sulaeman mah make jeung kaluar ucap, majar kuring jelema teu jejeg pikiran. Maenya cenah nyinghareupan kolot nu keur ripuh, masih keneh ngeukeuweuk idealisme. Naha enya panyakit bisa cageur ku ngagugulung sajarah mangsa ka tukang. Naha ku cara ngahudang deui carita-carita lawas bakal bisa nyingkahkeun rupa-rupa kasakit. Kuring memang teu bisa ngajawab, teu bisa ngajelaskeun sacara ilmiah. Tapi kuring yakin teu damangna ema, teu sapati-pati katerap ku hiji panyakit.

Waktu kuring keur husu wiridan kadenge sora gurang-gerung mobil di buruan hareup. Waktu nyingkabkeun hordeng, breh katinggali aya ambulan. Moal nginjeum deuleu, sidik pisan ambulan. Puguh ti kamar hareup ka buruan teh eces, ngan kahalangan ku tangkal kembang keretas. Kembang keretas tempat baheula kuring ucing sumput jeung kang Hafid. Sieun kapiheulaan abar, gesat-gesut dicalana, satengah lumpat kuring nyampeurkeun ka tepas. Kasampak ema keur direreyang ku kang Sulaeman, kang Hafid, ki adi, jeung dua urang lalaki teuing saha, sigana mah petugas ambulan meureun. Mireungeuh kitu mah, nyel keuheul, asa dilejokeun. Bari ngahalangan jajalaneun kuring ngagorowok :

"Rek dikamanakeun ieu teh ? Ema teu kua-kieu. Eureun ! Tong diteruskeun, tong dibawa !" cekeng. Kang Sulaeman tayohna mah keuheuleun, ngan jebrod bae nampiling. Nampiling nu keur kalap tea, nepika kuring asa katurelengan. Bru nambru. Waktu mobil ngagulusur maju, hate mah bati kumejot. Kuring yakin ema boga carita nu can dikedalkeun nepika kagegeringan. Yakin, yakin pisan. Buktina kamari geningan waktu kuring ngajak ngawangkong, peutingna bisa diuk ku sorangan, bisa cengkat, bisa ngaleueut deui bari teu kudu dibantuan.

Geus saminggu ema aya di rumah sakit, tapi bet can eungkeut-eungkeut, can aya kamajuan. Waktu ki adi nelepon ngabejaan sangkan kuring nyelang heula ka lembur, kuring ukur seuri. Teu kudu dibabawa cekeng teh kuring mah, sabab waktu ema dibawa ka rumah sakit oge kapan teu menta idin heula. Isukna, kang Sulaeman nu interlokal ngabejaan sangkan kuring balik heula. Tapi keukeuh kuring mugen. Lain sibuk-sibuk teuing sabenerna mah nu matak kuring narah ka lembur teh, tapi bongan maranehna geus ngaruksak lambaran carita kuring jeung ema. Padahal kuring yakin, ema siga nu hayang mulangkeun panineungan. Eta atuda unggal tepung mangsa lebaran, boh idul fitri atawa lebaran haji, nu ngariung teu ngan ukur anak-anakna tapi oge minantu jeung incu-incuna. Bangga lamun hayang ngariung bari mulangkeun panineungan, mangsa keur ulin di buruan atawa keur ngawiwiw ceurik di pipir pedah embung dimandian.

Pleng teu meunang beja deui. Kakara aya telepon ti lembur deui teh tadi pabeubeurang, ngabejaan yen ema geus dibawa balik cenah. Teu kauntup waragadna majarkeun teh. Tapi anehna waktu kuring tepung, ema katinggali leuwih berag. Jadi jelas lain rumah sakit keur nyehatkeun ema mah, tapi di dieu. Di imah ieu. Imah nu ngahaja teu dirobah, teu direhab sangkan carita nu kungsi kajadian di dieu oge sarua teu kapupus, teu karehab ku carita-carita anyar.

"Ma tos uih teu acan tamuna ? Naha geningan bet lami-lami teuing." cekeng teh di lawang panto. Ema nu ngajepat dina ranjang ngagurinjal, teup neuteup ka kuring nu keur ngajanteng.

"Ah, maneh mah angger ari geus ngawiwirang ema teh." belenyeh ema gumujeng. Inget deui kana kajadian ka tukang. Jaman baheula kuring keur leutik, sabada asar sok dahar ngariung. Sabab lamun kudu makan malam siga jaman kiwari mah, kumaha meureun moal bisa ngaji. Kapan jaman harita mah ngaji teh ti sabada solat Maghrib, terus kaselang ku solat Isa. Sabadana solat Isa diteruskeun deui ngaji. Lamun bada Maghrib ngaji Qur'an, tah sabada Isa mah ngaji kitab kuning. Eta teh bisa nepika jam sapuluh peuting. Nu matak euweuh waktu lamun kudu makan malam heula. Dina hiji poe, sabada solat Asar aya semah ti kampung Rancabeureum, anggangna ti lembur kuring teh aya kana lima belas kilometerna. Semah nu rek ka apa, nguruskeun jual beli sawah cenah mah. Nya kulantaran sagala asakan geus sadia, apa ngahaturanan semah pikeun dahar bareng. Nu dimaksud dahar bareng teh, ngan apa kadua semah, da ari ema jeung barudakna mah sina nungguan.

"Engke we mun tamuna geus mulih, kakara bagian urang." kitu ceuk ema harita. Tapi kulantaran geus teu kuat ku lapar, kajeun teuing nyaho aya keneh semah, ngan gorowok we ti buruan tukang ngagorowok "Ma tos uih teu acan tamuna ? Naha geningan bet lami-lami teuing." kituna teh bari kalacat noong tina jandela, nu kaberan teu ditutupkeun. Waktu semah keur ngahanca pais lauk, ras inget kuring mah resep kana huluna, nya harita keneh ngan gorowok deui ngagorowok, kade huluna mah tong diseepkeun, cekeng.

Satutasna semah mulang, kuring digelendeng ku ema jeung apa. Kurang sopan cenah kitu peta teh. Dasar kuring dicarekan teh lain sieun, kalahka malik-malikeun. Kapan saur ema ge, engke mun semahna tos uih kakara tiasa emam, ari tadi kapan semahna aya keneh bae sedeng beuteung kukurubukan lapar.

Ema katinggali nyanda dina tumpukan bantal. Ras kuring inget kana kajadian jaman baheula. Waktu kuring diajak nyemah ka ua Salamah. Teuing ua ti saha, ngan kitu bae kajurung ku kakolotan sigana, ema teh sok ngauakeun ka anjeuna. Kade cenah, engke lamun ua Salamah nawaran dahar omat tong daek. Sebutkeun bae atos di bumi kituh. Harita mah kuring unggeuk, jeungna deui moal daek dahar kapan beuteungna ge seubeuh keneh. Tadi beurang kakara tas ngawadang sangu poe, dicocolkeun kana sambel goang, make kurupuk meunang meuli ti warung. Tapi waktu datang ka imah ua Salamah, ditawaran dahar, teuing kunaon ieu beuteung ujug-ujug kukurubukan.

"Rek dahar kasep ?" ceuk ua Salamah nawaran, sigana tawar gatra. Buktina basa kuring unggeuk, kabireungeuh ua rada reuwas, komo ema mah make jeung langsung nyiwit sagala rupa.

"Tapi di ua mah euweuh nanaon, ngan jeung uyah."

"Abdi mah sedep jeung uyah ge." cekeng jujur, da heueuh resep atuh dahar jeung uyah ge, komo ninggang sanguna haneut mah, heug dicocol-cocol dibuleud-buleud kana daun, teu kurang pedona. Tapi keur sakitu kalina kajujuran kuring digelendeng ku ema. Inget ka lebah dinya, kuring nyarita ngahudangkeun deui lamunan ema.

"Wios jeung uyah ge, da sedep !"

"Ah, manehna mah angger ari geus ngerakeun ema teh !" ceuk ema bari ngabelenyeh. Tetela ema teh keur kahudang lamunana gening, nu matak anjeuna kagegeringan oge.

"Pan abdi mah seneng kana endog tutung teh," cekeng ngahudangkeun deui carita anu sejena. Ema ngareret. Sigana emuteun deui waktu harita kuring keur diajar ngagoreng endog, heug tutung teuing, ku ema digeunggeureuhkeun. Ari kuring digeunggeureuhkeun teh lain pundung, kalahka nambalang ngajawab, puguh resep kana endog tutung teh abdi mah cekeng teh.

Boh kang Sulaeman, kang Hafid, kitu deui ki adi, teu apaleun lamun kuring harita geus ngahudangkeun deui kajadian-kajadian jaman ka tukang. Berekah tina ngahudangkeun deui kajadian mangsa ka tukang samodel kitu, geus bisa mulangkeun deui panineungan ema. Saha nu apal, lamun nu ngalantarankeun ema gering teh kulantaran aya pangalaman-pangalaman jaman baheula nu kapengpet sungapanana. Bisa jadi kulantaran ninggali parobahan-parobahan jaman, atawa ninggali barudakna sorangan nu geus marisah ngajarauhan, bari lamun sakalieun tepung kalahka riweuh ku urusan sewang-sewangan. Waktu kuring ngobrol jeung ki adi, breh teh kaboker ayeuna mah. Sihoreng ema gering teh satutasna balong nu di tukang disaeur, diajangkeun keur ki adi kulantaran geus aya niat hayang bumen-bumen sorangan cenah.

Rebun-rebun keneh kuring geus aya di kamar ema. Bray mukakeun jandela, nyeuseup segerna hawa. Ti kamar ema titinggalian parat ka buruan tukang. Meg, karasa aya nu ngetug kana jajantung. Tangkal kalapa geus euweuh, balong geus disaeur, sasaungan tempat kuring niis ngan katinggali rangkayna. Bari beberes titilep simbut ema nyarita : "bisi hayang lauk mah, nguseup heula kaituh. Lamun bangga mah, sirib bae kainyah !"

Gebeg. Keur sakitu kalina kuring ngagebeg. Bari malik nukang kabireungeuh ema keur neuteup ceuleumeut ka jauhna. Euweuh, euweuh balong, euweuh sasaungan tempat niis, biheung dina sorondoy deukeut dapur oge geus euweuh sirib jeung useupna. Nyel, hate ngadak-ngadak ambek. Teuingteuingeun ku ki adi make jeung maksa nyaeur balong sagala rupa.

"Melak lauk naon, Ma ?"

"Loba, aya emas, jaer, jeung nila ! Bapa maneh bulan tukang nu melakna oge, aya kana sapuluh kilona."

Tetela ema keur kahudang lamunanana. Apa geus lila taya dikieuna, tapi dina implengan ema mah masih aya, bulan tukang tas melak lauk cenah. Waktu kuring nyaritakeun eta masalah ka kang Hafid, manehna tibang ngahuleng. Heueuh kudu dikumahakeun cenah, moal hade lamun meunang nyaeur digali deui. Kang Sulaeman sarua ukur ngahuleng dibejaan kitu teh, satadina cenah nu matak nyatujuan oge ngarah teu gede teuing waragadna. Meuli taneuh jaman ayeuna kapan silaing ge apal sorangan, komo kapan di kampung urang geus karanjah ku urang kota. Tayohna obrolan kuring teh kadengeeun ku ki adi. Buktina isukna rebun-rebun keneh geus aya tilu urang tukang ngali sumur, keur ngagecruk bae ngali balong. Pasosore geus anggeus, cai ti susukan dikamalirkeun deui ka dinya. Di juru wetan deukeut tangkal kalapa, saung nu kari rangkayna dibebenah. Sajeroning bebenah ema neuteup tina jandela kamar.

"Urang nguseup heula, terus urang beuleum laukna !" cekeng teh ngahudangkeun deui lamunan ema. Ema malik neuteup kuring, socana beueus, sakeudeung deui pasti bakal ngeclak. Waktu kuring nyepeng kadua pananganana, nyeh seuri, teuing seuri bagja teuing sedih.

***

 Kang Yayan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar