Selasa, 03 April 2012

Pedaran Sisindiran

PANGJAJAP

Mireng anggota ieu grup sareneng sisindiran, sim kuring seja jabung tumalapung sabda kumapalang ngaguar perkawis sisindiran. Nanging dihapunten, kalayan teu gaduh maksad mapatahan ngojay ka meri.

Nu dipiharep malah mandar sasieureun-sabeunyeureun janten nambihan pangaweruh ngeunaan sastra Sunda hususna sisindiran, utamina kanggo nu teu acan uninga naon ari sisindiran. NYANGGAKEUN....!

SISINDIRAN

Sisindiran nyaéta karya sastra (Sunda) anu diwangun ku cangkang jeung eusi, masing-masing dalapan engang (B. Ind; suku kata). Dina umumna, sisindiran diwangun ku opat padalisan/jajar (dua padalisan cangkang jeung dua padalisan eusi).

Conto Sisindiran nu diwangun ku opat padalisan:

Ma-nuk rang-kong jeung ka-sin-tu (8 engang)
ti-ku-kur ma-cok-an ku-nyit (8 engang)
bu-uk gon-drong ré-a ku-tu (8 engang)
di-cu-kur teu bo-ga du-it (8 engang)

Padalisan kahiji (manuk rangkong jeung kasintu) jeung padalisan kadua (tikukur macokan kunyit), disebutna cangkang. Sedengkeun padalisan katilu (buuk gondrong réa kutu) jeung padalisan kaopat (dicukur teu boga duit), disebutna eusi.

Lamun seug dipasing-pasing, sisindiran téh aya tilu rupa. Nyaéta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Kajaba wawangsalan, paparikan jeung rarakitan téh pada-pada diwangun ku opat padalisan sarta masing-masing dalapan engang.

Kiwari réa sisindiran anu ngan diwangun ku dua padalisan (kawas wawangsalan), bari dina masing-masing padalisan henteu ngagunakeun patokan dalapan engang. Kawasna waésisindiran nu kitu téh nyonto kana tatarucingan jaman baheula. Sabab dina seuhseuhanana, tatarucingan jaman baheula gé méh sarimbag jeung sisindiran.

Conto tatarucingan jaman baheula:

Cingkuk Cingkul (ucing ngaringkuk dina pamikul).
Toktar mangandeuh (tai kotok dina gantar nanggeuh).

Tina tatarucingan jaman baheula kawas conto di luhur, tungtungna réa sisindiran anu diwangun ku dua jajar, saperti borondong garing (dirongkong kaburu nyaring), bandrék bajigur (anu pendék gedé bujur), Titik Sandora (budak leutik gedé sora), Bengawan Solo (parawan jomlo), bonéka cantik dari India (sangu saeutik ku saréréa), kaasup toroktok olé-oléan, jeung réa-réa deui.

Conto Sisindiran kiwari anu ngan diwangun ku dua jajar:

Jaka Sembung mawa areuy
Teu nyambung euy...

Mawa és dikéleran
SMS teu diwaleran.

Nyimpen bilik sisi kulah
Rék balik ah.
..

Jeung réa-réa deui

Paparikan

Parik atawa parek hartina téh deukeut. Padeukeut. Maksudna antara cangkang jeung eusi téh diwangun ku kecap-kecap anu sorana padeukeut alias murwakanti. Sisindiran anu di luhur gé kaasup kana paparikan, kawantu padeukeut.

Conto paparikan:

Daun paré rawing garing
siki gedang dikorangan
mun saré tong peuting teuing
bisi hudang kabeurangan.


Tina kecap “daun paré” (cangkang) kana kecap “mun saré” (eusi) téh apanan padeukeut. Murwakanti. Kitu deui tina kecap “siki gedang” kana kecap “bisi hudang”.

Rarakitan

Sarakit hartina sapasang. Munding sarakit, upamana. Jadi rarakitan téh nyaéta sisindiran anu puhu kecapna papasangan.

Conto rarakitan:

Mun acanmeuli calana
moal waka meuli samping
mun acan jadi sarjana
moal waka hayang kawin.


Kecap “mun acan” dina padalisan kahiji téh kapanggih deui dina padalisan katilu. Kitu deui kecap “moal waka” dina padalisan kadua anu kapanggih deui dina padalisan kaopat. Écés sapasang-sapasang.

Conto rarakitan séjénna deui:

Batur mah jalan ka Dago
abdi mah muter Jatayu
batur mah mareunang jodo
abdi mah angger teu payu.


Lamun seug henteu papasangan kawas dua conto rarakitan di luhur, aya deui anu puhu kecapna sarua atawa papak.

Conto rarakitan anu kecapna sarua atawa papak:

Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna.


Wawangsalan

Paparikan jeung rarakitan mah dina umumna diwangun ku opat padalisan. Sedengkeun wawangsalan mah ngan diwangun ku dua padalisan, pada-pada dalapan engang.

Conto wawangsalan:

Walungan di Kota Bandung
abdi undur sanés pundung.


Padalisan kahiji (walungan di Kota Bandung) téh henteu béda ti hiji tatarucingan, anu jawabanana baris kapanggih dina padalisan kadua. Jadi anu dimaksud walungan di Kota Bandung téh nyaéta Cikapundung, anu kanyahoan tina kecap “pundung” dina padalisan kadua.

Conto wawangsalan séjénna deui:

Buuk palsu dijualan
Henteu hadé ruwag-rewig.


(wangsalna téh henteu salah, nyaéta wig).


Eusi Sisindiran

Ditilik tina eusina, sisindiran téh aya tilu rupa. Nyaéta anu eusina piwuruk, silih asih jeung sésébréd (heureuy).

Conto sisindiran eusina piwuruk:

Daun jambu siki huni
jambu médé kembang jaat
mun dibaju masing buni
teu hadé katémbong orat.
Anak kuya di sagara
aya bogo dina batu
di dunya urang ngumbara
tong poho nu lima waktu


Conto sisindiran anu eusina silih asih:

Samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunana
abdi nineung ka nu balik
kumaha nuturkeunana.

Sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan.


Conto sisindiran anu eusina sésébréd:

Rincik rincang-rincik rincang
angeun lompong ditutuan
sidik pisan-sidik pisan
nu ompong euweuh huntuan.

Wéra jangkung daun cabé
séréh lamping ditalian
éra tepung jeung Pa Lebé
méméh kawin geus eusian.


Cag.

Balébat, 30 Juni 2011 Firmansyah
Caraka Sundanologi

2 komentar:

  1. punten, bade minta conto pedaran

    BalasHapus
  2. Assalamualaikum punten abdi wios ngadamel grup ieu ku abdi di teraskeun

    BalasHapus