Senin, 02 April 2012

Baraya Sunda Sadulur BSS - SDHAS

"BARAYA SUNDA SADULUR"
nyaeta ngaronjatkeun rasa "KASUNDAAN" nu geus luntur ku waktu laas ku jaman,
Sasieureun Sabeunyeureun utamina dina mulasara basa jeung budaya,
"SALAM DUDULURAN, HIRUP AKUR SAUYUNAN"

PAPAGON POSTING / STATUS BARAYA SUNDA SADULUR
  1. Di BSS nu disebut Member teh nyaeta Baraya
  2. Dipiharep Baraya daftar heula samemeh gabung di BSS, tur Baraya baris meunang tanda kartu anggota.
  3. Dipiharep Baraya tumut tur tuhu kana aturan papagon organisasi komunitas BSS.
  4. Dipiharep Posting / Status Baraya luyu kana sub forum keur ngagampilkeun Baraya sanesna langkung wanoh.
  5. Dipiharep Posting teu pasalia antara judul jeung eusina.
  6. Sopan santun jeung tatakrama kacida perlu pisan diterapkeun di komunitas BSS.
  7. Posting / Status teu ngagundem caturkeun nu pakait unsur SARA.
  8. Kacida dipiharepna ieu komunitas aya dukungan / rojongan ti kulawarga sewang-sewangan keur ngalegaan rasa duduluran diantara urang sabage urang BSS.
  9. Leuwih jauhna Baraya anu teu turut tur ngarempak kana aturan / papagon organisasi kalayan berat hate baris di banned / Remove tina kaanggotaan BSS.
  10. Muga-muga wae Komunitas BSS ieu jadi ciri nu mandiri keur ngarojatkeun deui komara dangiangna Ki Sunda.
Salam Duduluran Hirup Akur Sauyunan ( SDHAS )
BSS MAJU JURIT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar