Senin, 09 April 2012

Sumedang Larang di Jaman P. Geusan Ulun

Sumedang Larang di Jaman P. Geusan Ulun

PANGERAN Angkawijaya alias Geusan Ulun, dijungjunglungguh jadi raja Sumedang, 13 bulan sabada wafatna Pangeran Santri. Kaharti sabab harita Geusan Ulun umurna Karek 22 taun, sedengkeun nurutkeun tradisi heubeul, nu diangap dewasa teh umur 23 taun. Ari sababna nu utama, nurutkeun Pusaka Kertabhumi I/2, nya eta: Ghesan Ulun nyankrawartti mandala ning Pajajaran kang wus pralaya, ya ta sirna, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedanglarang haneng Kutamaya ri Sumedangmanala. (Geusan Ulun marentah wilayah Pajajaran nu geus runtag, nya eta sirna ti bumi Parahyangan. Karaton ieu raja Sumedang teh ayana di Kutamaya di wewengkon Sumedang).

Saterusna disebutkeun ”Rakryan samanteng Parahyangan mangastungkara ring sira Pangeran Ghesan Ulun” (Para penguasa sejen di Parahyangan/raja daerah, ngarojong Pangeran Geusan Ulun). Kecap samanta = bawahan. Istilah anyakrawarti biasana ngan dipake ka pamarentahan, raja merdeka tur lega kakawasaanana. Daerah kakawasaan Geusan Ulun, watesna Cipamali di wetan, jeung Cisadane di kulon. Sedengkeun di kaler jeung kidul watesna laut. Sabenerna legana daerah kakawasaan Geusan Ulun teh katembong tina surat nu kungsi dikirim ku Rangga Gempol III ka Gubernur Jendral Willem van Outhoorn tanggal 4 Desember 1690. Dina eta surat Rangga Gempol menta sangkan daerah kakawasaanana dibikeun deui, sakumaha legana kakawasaan buyutna nya eta Geusan Ulun. Ceuk Rangga Gempol III, dina mangsa kakawasaan Geusan Ulun teh ngawengku 44 raja daerah 26 kandaga lante jeung 18 umbu (tapi ceuk babad mah, ngan 4 kandaga lante). Rangga Gempol III ngan ngawasa 11 daerah tina 44 teh. Sesana geus jadi kawasan Bandung (8 kandaga lante), Parakanmuncang (9 kandagalante), jeung Sukapura(16 kandagalante).

Pereleanana:

Di Kabupaten Bandung: Timbanganten, Batulayang, Kahuripan, Tarogong, Curug Agung, Ukur, Marunjeng, jeung daerah ngabei Astra Manggala.

Di Kabupaten Parakanmuncang : Selacau, daerah ngabei Cucuk, Manabaya, Kadungora, Kandangwesi (Bungbulang), Galunggung (Singaparna), Sindangkasih, Cihaur, jeung Taraju.

Di Kabupaten Sukapura : Karang, Parung Panembong, Batuwangi, Saungwatang (Mangunreja), daerah ngabei Indrawangsa Taraju, daerah ngabei Yudakarti Taraju, Suci, Cipinaha, Mandala, Nagara (Pameungpeuk), Cidamar, Parakan Tiga, Muara, Cisalak, jeung Sukakerta.

Dumasar eta kanyataan katangen yen kakawasaan Geusan Ulun ngawengku Sumedang, Garut, Tasik, jeung Bandung. Wates ti wetan walungan Cimanuk-Cilutung ditambah Sindangkasih. Beulah kulon walungan Citarum-Cisokan. Nu luput tina perhatina panulis babad, nyaeta ti taun 1482, Cimanuk geus jadi wates Kasultanan Cirebon. Anapon Ciamis jeung Majalengka, ti mimiti perang Palimanan(1528), jeung perang Talaga (1530) geus jadi bawahan Cirebon.

Geusan Ulun/Angkawijaya meunang pangrojong, ti 4 sadulur urut senapati jeung gegeden Pajajaan, Nya eta Jayaperkosa, Wiradijaya(Nanganan), Kondang Hapa, jeung Pancar Buana. Arinyana veteran perang Pakuan nu masih keneh mibanda kapanasaran, sabab gagal mertahankeun “Pakuan” puseur dayeuh Pajajaran nu geus dibelaan salila welasan taun. Najan kitu arinyana bisa keneh nyalametkeun mahkota, jeung atribut karajaan, nu nepi ka ayeuna masih keneh diteundeun di museum Sumedang. Sacara singget Pustaka Kertabhumi ngabewarakeun, ngeunaan eta 4 sadulur ”Sira paniwi dening Pangeran Geusan Ulun. Rikung sira rumaksa wadyabala, sinangguhan niti kaprabhun mwang salwirya” (Maranehna ngabdikeun diri ka Pangeran Geusan Ulun. Maranehna mepek balad , ditugaskeun ngatur pamarentahan jeung lian ti eta). Jayaperkosa urut senapati Pajajaran, sedengkeun Wirajaya, urut nanganan. Nurutkeun kropoak 630, nanganan leuwih luhur satingkat ti mentri tapi sahandapeun mangkubumi.

Kulantaran Geusan Ulun ngora keneh, teu kabeh ngarojong tina 44 raja daerah teh, tangtu we pangrojong teh teu ngadadak, bisa kateguh mun 44anana kabeh ngarojong, hartina aya nu ngagarap tur dina waktu nu lila. Tangtu ieu teh usaha Jayaperkosa jeung adi-adina. Sabab Jayaperkosa jeung adi-adina dipiserab jeung diarajenen, jadi jaminan, kabeh raja daerah nu 44 samiuk ngarojong Geusan Ulun jadi ”narendra” ngaganti pangawasa Pajajaran nu geus musnah. Faktor umur jeung faktor politis ieu kawasna nu “nunda” Geusan Ulun jadi raja nepi ka sataun leuwih sabada wafatna Pangeran Santri.

Waktu anu dipilih pikeun ngajungjunglungguh Angkawijaya ge, geus ngagambarkeun suasana ka-Islaman, tanggal 18 Nopember 1580 M, poe Jum’ah legi/manis, ninggang tanggal 10 Syawal 988 H. Suasana lebaran jeung poe Jumaah, mangrupa waktu nu hade, di sagigireun pasaran Legi/manis, mangrupa waktu nu alus keur mitembeyan perkara anu gede jeung penting. Sabab ngajenengkeun Geusan Ulung nyakrawati atawa jadi narendra, mangrupa “proklamasi” kabebasan Sumedang , sajajar jeung karajaan Banten jeung Cirebon. Harti penting tina eta kajadian, lir ngumumkeun yen Sumedang ahli waris nu neruskeun kakawasaan Karajan Pajajaran di bumi Parahyangan. Mahkota raja jeung barang sejenna nu dibawa ku Senapati Jayaperkosa ka Sumedang, dijadikeu bukti jeung legalisasi kakawasaan, Pajajaran, kawas pusaka Majapahit nu jadi ciri kaabsahan Karajan Demak, Pajang, jeung Mataram.

Peristiwa Harisbaya

Sajarah Geusan Ulun meh teu dipikawanoh, mun seug taya kajadian peristiwa Harisbaya. Ceuk carita babad, Prabu Geusan Ulun jeung 4 pangirIngna mulang guguru ti Demak, nyimpang heula, anjangsono ka Panembahan Ratu nu ngawasa Cirebon. Di dinya panggih jeung Harisbaya, istri ka dua Panembahan Ratu, nu masih keneh rumaja, geulis, tur can lila ditikahna ku Panembahan Ratu. Cenah inyana putri Pajang teureuh Madura, nu dihadiahkeun ku Panembahan Senopati Mataram ka Panembahan Ratu. Cenah sang pribumi Harisbaya, kapincut ku kakasepan jeung kagagahan tamuna. Nepi ka kawas kaedanan. Kalawan teu bisa ngawasa diri, Harisbaya ngolo, nyombo Geusan Ulun, sangkan mawa dirina ka Sumedang, ngalolos ti karaton. Tengah peuting pasukan bhayangkara Cirebon ngudag Geusan Ulun, tapi bisa dihadang ku pangiringna nu 4-an. Geusan Ulun salamet nepi ka Kutamaya. Urut jurit jeung pasukan bhayangkara Cirebon, disebut Dago Jawa atawa Sindang Jawa.

Dua urang telik sandi nu ditugaskeun ti Cirebon, nyamur jadi tukang dagang peda, manggihan Harisbaya keur balanja di pasar. Sanggeus laporan ka Cirebon, langsung Sumedang digempur tentara Cirebon. Tapi pasukan Cirebobon teh teu kungsi nepi ka Kutamaya, sabab dielehkeun ku tentara Sumedang nu dipingpin Jayaperkosa. Samemeh indit mapag musuh cenah Jayaperkosa nancebkeun tangkal hanjuang keur panayogean, yen mun inyana gugur pasti hanjuang teh perang/garing, tapi mun hanjuang mulus, ciri hirup keneh. Kulantaran kajongjonan ngudag musuh, Jayaperkosa teh sasab, lila misah ti pasukanana, nepika disangka gugur. Ki Nanganan mulang ka Kutamaya, ngolo Geusan Ulun sangkan ngungsi ka Dayeuhluhur.

Kacida ambekna Jayaperkosa, basa mulang nyampak Kutamaya kosong ditinggalkeun ngungsi. Inyana nyusul, tuluy mateni Nanganan. Kulantaran ambek jeung kanyenyerian ku Geusan Ulun pedah ngungsi, Jayaperkosa indit ninggalkeun rajana, teu puguh jugjugan tur taya nu nyaho kamana leosna. Akibatna, pernikahan Geusan Ulun ka Harisbaya, kakara dilaksanakeu sanggeus talaqna ditukeuran ku daerah Sindangkasih. Kitu cenah lalakon Harisbaya jeung Geusan Ulun nurutkeun babad-babad kalawan versina sewang-sewangan. Kawasna nu nulis babad kaleungitan cecekelan waktu, nepi ka tokoh jeung kajadian nu beda dicampuradukkeun, mere gambaran nu surem tina kajadian sabenerna. Utamana hubungan tokoh Harisbaya jeung Panembahan Senopati, umur Panembahan Ratu, beh ditu na kajadian nalukkeun Sampang ku pancakaki Rangga Gempol I. Sababaraha hal nu teu luyu jeung kajadian sabenerna. Nurutkeun Pustaka Kertabhumi I /2 kaca 70, kajadian Harisbaya dina taun 1585 M. Harita puseur kakawasaan lain di Demak, sabab geus diganti ku Pajang ti taun 1546 M. Kalungguhan Senopati Sutawijaya masih keneh sahandapeun Pajang, mustahil Senopati bisa mere hadiah putri Harisbaya ka Panembahan Ratu Cirebon. Mataram ge can ngadeg. Pajang muncul sanggeus huru-hara Demak.

Eine T. Marita

C A N G E H G A R ( Carita Ngeunah Dan Segar )

1 komentar: