Selasa, 03 April 2012

Lalaki raheut hatena

LAMUN pareng keur cicing hareupeun hawu, bari meuleum sampeu, diharudung ku samping butut, teu poho ngelepus udud daun kawung, dibarengan ku hiliwirna angin isuk, teu poho cai kopi pait sagelas. Ari diuk luhureun jojodog, geus pasti bari milang katunggara, ngitung ka bingung. Da kusabab hate keur gudawang , lain kulantaran raheut kakadek bedog atawa kakeureut raheut ku peso. Da puguh ieu mah gudawangna oge lantaran kanyeunyeurian kusabab bebene direbut batur. Eh, lain direbut ketah, da puguh manehna hayangan kanu lain.

Lamunan tinggal lamunan, da geuning ari keur ngarandapan ka sedih mah naon anu katenjo ku panon teh sagala rungseb, nenjo ember siga tutunggul kubur, nenjo cai es rujah kalapa siga dahdir, nenjo mobil ge apan siga beca butut anu ngadon camberut. Diuk dina jojodog asa ngalayang kakalayangan, sok rus ras kana sumeblahna manah, asa hayang teuing ngajol ka jurang anu jero, atawa ngadagorkeun sirah kana tihang listrik. Cai kopi pait teh asa beuki pait, melel, geus teu wawuh deui jeung letah, bener…. sok hayang nyeblokkeun cai kopi kana rarayna anu geulis, nu geus ngaraketan hate, udud daun kawung mah geus puguh, da tidituna oge hangru, bau, asa mingkin hangru, hanyir nu aya.

Duh, asa poek mongkleng buta rata kieu alam dunya. Rek lumaku kaditu ka dieu geus teu sumanget, da sumangetna geus beakeun dipaokan ku bebene hate. Komo lamun leungen abus kana saku boh baju boh calana, duit geus beak, gajih sabulan teh ngan saukur beak keur mayar setoran Motor. Keuna ku paribasa nete semplek nincak semplak, kitu salah kieu salah, lamun awak keur tiis mah sagala rupa oge karasa tiisna;

Hate asa beuki gudawang, moal bisa diubaran ku karembong beureum, moal bisa dibeukeut ku samping kebat, nalika katenjo bebene hate pangupa jiwa pujaan manah keur digagandong ku kabogohna. Katenjo ku juru panon manehna meni suka bungah, seuseurian, atoh, gumbira, sedengkeun ari kuring ngadon ngolomoh curuk, bari reumbay ku ci panon ngalembereh kana pipi. Bener, katunggara euweuh tungtungna, hayang teuing anu digandong teh labuh, terus anu ngagandongna oge pipilueun labuh, salian ti labuh teh hayang teh sirahna diadu jeung batu cadas, terus katenggar ku tanduk munding mang Ganda. Kitu… hate oge jadi goreng ka batur, sirik pidik jadi cirina ati.

Keur ngadon ngalamun hareupeun hawu, gorowok anu jadi nini ngageroan. Duh, geus pasti rek nitah balanja ka Warung atawa maraban hayam jeung embe. Geus puguh awak asa lalungse, kari-kari dititah kudu ngalakonan nu karitu patut. Mending ngasupkeun sirah kana hawu jigana teh, maturan beuleum sampeu dina ruhayna seuneu anu marakbak. Ngan, ari ngalawan kanu jadi nini mah teu wani, da ceuk mang Haji Jajang ge eta teh dosa gede, sanajan keur gering hate, embung ari dikutuk jadi batu atawa arca kunu jadi nini mah. Kapaksa bari ngulapes-ngulapes oge nyamperkeun kanu jadi nini. Masih di harudum ku samping butut, beungeut mah geus puguh leuwih butut alabatan bubuturan jeung topo paranti ngepel.

Duh gusti…. Nini nitah ngala cai, kudu nimba di sumur Haji Ook. Mangkaning kudu ngaliwatan ka imah manehna. Rek ngala cai kanu jauh geus puguh waregah, kapaksa sanajan era jeung embung nenjo manehna oge ngala cai teh ka Sumurna Haji Ook. Ember dibawa meni beurat nakeran asa ngajingjing stum jeung beko, samping masih dipake morosot saeutik mah teu jadi masalah, da keur nyeri hate ieuh, buuk masih acak-acakan kusabab can mandi kana tilu poena, awak ngan saukur dibunian ku kaos sangsang kohok, geus teu sumanget barangpake ku papakean anu aralus teh, calana levis, baju cele, kameja jeung kaos merek ” Harley Davidson” mah geus teu dipalire. Komo make minyak seungit mah, dalah minyak merek ” Bulgary atawa Kenzo” oge geus teu ka ambeu-ambeu acan seungitna. Bulu kelek rangeteng siga hurang anu napel kana bulu bitis, teuing bau teuing heunteu da ku irung mah teu kaangseu-angseu acan.

Jantung ratug, manah sumeblak, nalika nenjo manehna keur sasapu hareupeun imah. Rek nguliseud ka pipir kaburu katenjoeun. Dada asa beuki rongkah kaduruk nalika manehna gugupay, lain ku lengueun tapi ku sapi nyere, ” Kang Kesinih….!” Pokna teh. Duh kieu geuning ari jalma leutik mah teu ku batur ku deungen pada ngahinakeun. Jigana dianggap runtah kuring teh. Disaruakeun jeung kalakay daun nangka.

Bari leumpang lalaunan hate dipinuhan ku amarah kapaksa ngadeukeutan manehna.
” Aa, maafin Ijoh ya!” Pokna semu kekelemesan.

Nepika katenjo taneuh beureumna oge, moal dihampura ku aing!!! Gerentes hate, da ngadak-ngadak jadi sebel atuh nenjo manehna sok sanajan ceuk batur mah manehna teh kembang desa, awewe panggeulisna, ayeuna mah katenjo ku kuring siga kuntilanak, ririwa, atawa bebegig sawah.

” Aa, mau khan Maafin Ijoh!!” Pokna deui, ” Aa, orangnya baek dweh!”

Ah, siahh… tong loba ngomong, haseum kadengena oge, komo bari luwu -lewe kitu mah, kagok borontok kapalang belang aing mah kumaha engke we, teu sudi ngahampura kana kalakuan awewe model maneh, awewe nu teu satia kana sabda, awewe nu sok jalir kana jangji, awewe anu gampang kabongroy ku harta jeung ku banda, awewe nu teu bisa ngahargaan kana cinta, awewe burunungul, awewe gelo, kitu hate ngagorowok tapi hese dikedalkeunana.

” Ya, udah… Ijoh mendingan nyapuin lagi buruan…!” Ceuk manehna, bari sasapu jeung teu nolih deui ka kuring.

Kuring ngajugjug bari ngagedir ku amarah ka sumur Haji Ook. Loba pisan awewe anu keur kukumbahan, nyeuseuh jeung ngala cai.

Bener…. asa hayang ngajol ngagujubarkeun maneh ka jero sumur mun teu nenjo kanu jadi nini mah. Nimba cai ge dipangpenkeun ember teh ka jero sumur. Kabeh anu aya didinya katenjo kagetna, malah ceu Itoh mah molotot sagala.

” Aduh… kunaon silaing teh Sujang…. kos anu kasurupan ku Mbah Lemud siah ngala cai teh. Eta kade ember bisi beulah!”

” Hampura , Ma!!” Ceuk kuring bari jung ngangkatkeun ember anu geus pinuh ku cai.

Ember ku kuring dilepaskeun, cai ngabayabah ngalembereh dina taneuh, bumi alam asa inggeung, kawas aya lini sayuta skala richter, tetenjoan ranyany kararoneng, geus teu inget kana nanaon deui, waktu nenjo manehna keur ngepel di barengan ku kabogoh anyarna. Silih simbeuh ku cai, saleuseurian, silih udag di buruan, malah si Pepen, kabogoh anyuarna mah siga nu ngahajakeun sok tual-toel kana kana gado manehna.

” Aa, Apen, ayo kejar , IJoh!!!” Pokna teh, bari ngadelekan ka kuring, siga nu ngahaja mapanas.

Kuring balik, ember kosong dijingjing, samping nyapuan taneuh, cimata ngeclakan euweuh beakna.

” Jang, kunaon ari nyaneh!” Ceuk nu jadi nini bari ngusapan kana buuk.

” Ujang teh nuju raheut manah, Ma…”

” Keun atuh da biasa ari nandangan nu kitu mah. Geus ah ngewa, era ku tatangga…”

Sajongjonan kuring cicing. Omongan nu jadi kolot aya benerna. Ucapan nini teu salah, raheut hate mah geus biasa, pasti tumiba ka sakuliah jalma. Tong boroning aing, selebritis oge loba anu putus cinta, jalma-jalma gede oge loba nu raheut hate. Gerentes hate.

Berebet kuring lumpat, muru ka Imah manehna. Geus teu panas deui ayeuna mah, waktu manehna silih udag jeung si Pepen.

” Ijohhhhhh……… Aa maafin neng!” Ceuk kuring ngagorowok. ” Aa.. ayeuna sudah boga semangat deui….!” Ceuk kuring poho samping nyingsat saeutik, ” Masih loba keneh ceuk ema oge awewe lain salian maneh Ijoh…!”

Manehna jeung si Pepen bati olohok ngembang kadu, mata simeuteun, nenjo kalakuan kuring anu kitu.

Bari ngeupeulkeun leungeun, kuring lumpat ka jalan, teu malire loba nu nenjokeun, terus ngagorowok, ” Aing Lalanang ti medan laga, lalaki ti tegal jurit, teuneung-ludeung moal honcewang komo ringrang, awewe masih keneh loba , awewe masih keneh loba nu nganti aing!! Ieu aing… lalaki sajati, nu moal eleh kusabab raheutna ati….!” Kuring gogorowokan sapanjang jalan.

Ceuk batur mah, kuring teh geus jadi jalma gelo da uanggal poe ngadon lumampah kaditu ka dieu bari gogorowokan, jeung ngucapkeun, ”Aing lalaki sajati….”.

(Ku Warsa.)

 Agam Komar Comenk

Tidak ada komentar:

Posting Komentar