Selasa, 17 April 2012

Naratas jalan ...


Angin ngahiliwir karasa nyecep nebak kanu awak, kaambeu hiliwirna kembang samoja anu seungit kabawa angin,,,,


sawangan inget kana obrolan jeung nu jadi Aki,,,
kuring mimiti muka obrolan, nanya,,,


Ki, naon anu disebat jalan wijaksana anu sae minurut Aki ??


Ki Djuanta : yeuh Ncep, mimitina euweuh jalan ka eta tempat teh, terus aya salah saurang anu naratas ngalampah eta jalan, nyuai-nyuaikeun hahalang jeung rungkun anu ngahalangan. Terus jalma anu sejen ngilu tapak lacak lengkah eta jalma anu mimiti, sanggeus eta, terus datang jalma ka tilu, ka opat jeung saterusna ngalebaran jeung mere endah eta jalan. Teu lila, mucunghul generasi anyar jalma-jalma bodo anu nyoarakeun bari ceuceuleuweungan yen ngan jalan ieu anu paling bener, paling mulya, sedeng jalan anu dipilampah kubatur teh dicap salah, nyasar, kaliru jeung ngabahayakeun.


naon anu disebut kabajikan jeung kaadilan teh nyatana hal anu “ngabingungkeun” hate jalma. Jiga reungit dina hiji peuting anu nyoco ngahudangkeun urang anu keur sare. Sok pikiran, saha anu dirugikeun, saha anu diuntungkeun tina ieu kajadian ???,,, tah didiue urang kudu wijaksana !!

ulah sok ngewa ka papada MAKHLUK GUSTI, anu sarua dibere hak pikeun nyicingan ieu bumi, sarua dibere cai, dibere hawa, dibere handeut jeung panasna panon poe.rek satona, tutuwuhan, komo ka papada munusana.

tingali ieu alam, cokot pelajaranna. Jiga panon poe ciptaanNa anu teu pernah cape mere caang ka ieu bumi. Teu paduli rek poe ieu lenglang euweuh awan, atawa aya awan kandel anu nutupan jalan cahayana. Teu ngarasa kasinggung ku omongan jalma lamun cahayana/panasna kalewihan atawa kurang pikeun kapentingan masing-masing manusa.

kitu oge cai anu ngamalir katempat anu lewih hanap, teu paduli ku omongan manusa oge. Rek manusa nganggap cai jadi barokah kusabab bisa minuhan walungan jeung nambahan lobana cai sumur, atawa nganggap jadi hiji musibah kusabab datangna ngaleuwihan tinu biasana ngajadikeun banjir anu bisa malidkeun imah2 jeung ngarusak tatanen. Eta kabeh kodrat alam anu napel dinana jero dirina.

kitu oge jalma wijak/bijak anu nyebarkeun kawijaksanaanna. Manehna ngalakukeun saolah-olah teu ngalakukeun. Sabab euweuh motivasi ngarepkeun balesan pahala tina kawijaksanaan eta. Manehna ukur neruskeun naon anu geus diajarkeun ku ieu alam anu “dibikeun” jadi hiji kawajaran. ILANG BASA geus EWEUH CARITA.


Jadi Cu,,, anu nyata mah nyaeta manusa sorangan anu kudu bertanggung jawab kana dirina, sasamana jeung alam. Rek perang atawa damey, rek tetep dina kabodoan atawa maju kana kanyaho ??? ,,, kabeh oge gumantung kana dirina, manusana sorangan. Jalanna oge manehna anu naratas.



Sing SADAR cu,,, !!


ulah sok nyaritakeun batur, komo nganiley kalemahan jeung kagorengan batur mah, teu hade !!
kitu oge tong hariwang anjeun diomongkeun batur jeung ditiley kubatur, sabab manehna jeung urang pada-pada keur naratas jalan. lamun enya geus pada sadar mah, anu tadi tea. Geus moal aya basa !


Hayu balik, geus burit bisi kaburu hujan,,, !!!!

keur sila kuring ngarenjag ngadenge sora anu jadi emang bari nepak kanu taktak, ngahudangkeun lamunan baheula waktu anu jadi aki jumeneng keneh mamatahan ka kuring. teu karasa, cipanon nyakclakan kana batu kuburanna, anu iyuh ku tangkal samoja.


Eonk Odas Eonk Odas


ti : http://ncepborneo.wordpress.com/2011/05/31/kembang-samoja/

1 komentar: