Selasa, 17 April 2012

Obrolan jeung nu jadi anak

Balik sakola ningali paroman beunget nu jadi anak teu jiga biasana, murukusunu jiga anu bETe,,,

sanggeus muka sapatu dilawang panto kalacat asup kaimah, manehna terus ka kamarna bari kantongna semu dialungeun. Indungna (pamajikan kuring anu panggeulisna sadunya tea ning teu lemek teu nyarek ningali nujadi anakna jamedud. Kuring oge tetep jongjon dihareupeun komputer api-api teu malire.

Sanggeus ganti baju, terus indungna nitah dahar bari ngasongkeun cai herang na gelas,,,, laju ngoloyong deui ka dapur.

A’ dahar heula sok,,,, ceuk kuring, bari tetep teu ingkah dina tempat diuk

Anu dititah teu loba nyarita,,,, leungena nyokot piring bari ngeduk sangu tina pamanas,,, terus habeuk dahar,,,,

katingali jiga anu kurang nikmat dina daharna, sabab teu cara biasana c Aa jadi cicingeun. Kuring ngelehan eureun heula kutak ketikna,, gek diuk di gigireunna,,, bari nyoba nanya

kunaon A’ ??

ngga apa2 Yah ??,,, teu karasaeun ku manehna,,, cai matana ngeyumbeung

mau cerita kah sam Ayah ??

,,, dijalan barusan waktu pulang sekolah, kenapa Aa gak punya salah, tahu2 dimarahin sama orang !!, kenal juga ngga,,,

owh,,, ari awalna kumaha, naha bias kitu ?? ,,,

ya itu Ayah,,, Aa jg gak tahu,,,, pertamanya orang itu ngeliatin aja, terus tahu2 kayak ngomong sendiri (ngumpat kayak orang gila),,, eh nyamperi Aa terus Aa dimarahin sama dia,,, padahal sama2 satu sekolahan sama Aa

Aa dipukul kah ???

Ngga ??

Terus kenapa sekarang Ayah, Bunda sama nasi yang ada dipiring Aa jadi ikut2an dicemberutin sama Aa ???,,,,

Habis kesel ,,,,

pan kejadiannya tadi, naha yeuna masih kesel keneh wae A’ ??? ,,,

anu ditanya cicing,,,

kieu A’

kudu syukur sabab Aa teu kunanaon, bisa pulang ka imah salamet. Aa ayeuna pan karek kelas 4 SD, kudu mulai diajar ,,,, pan ceuk bu guru Aa ceunah ulah sok gelut, poyokan ka batur, geureuhan, supaya urang salamet. Ngelehan teh lain harti urang eleh,,, ingetkeun ieu omongan ayah,,, NGELEHAN lain hati ELEH

contona anu tadi kajadian,,, untung Aa teu saruana.

Tah,,, ari ceuk Ayah mah kieu mending ge,,, coba inget2 ku Aa ti mimiti kelas 1 nepika poe tadi saacan balik sakola,,,

naha pernah Aa ngereteg ngomongkeun goreng ka batur anu katingali ku mata Aa ??

naha pernah Aa melongkeun batur nepi ka batur ngarasa salah tingkah akibat pencrongna mata Aa ??

naha pernah Aa nyarekan ka batur teu pupuguh, pedah boga masalah sorangan, kabeneran aya anu bisa jadi bahan keur ngaluarkeun ka ambeuk jeung kakeuheul ???

matak kahade A’ ,,,, sagala rupa oge ulah waka ditarima ku katugeunah !!,,, miningge ngaca kana kalakuan sorangan,,, bisi jeung bisi,,,, sabenerna eta teh kalakuan urang ka batur. anu matak, kudu bersih keun tekad ucap jeung lampah,,, sangkan senang di dunya jeung akherat.

Teu kudu dipikiran masalah balesan di akherat mah, keun eta mah urusan anu boga hirup.

Anu penting Aa hirup di dunya ayeuna sing bener, sing pinter,,,, sabab didunya keneh oge, naon anu jadi pagawean/laku urang pasti bakal aya wawalesna.

Jadi dimana nyarita ulah sok saungangna,,,

Ngadek ulah sa cek na,,, kudu tarapti

Nanaon oge kudu control jeung ka kontrol,, anu paling utama pisan mah ulah sok goreng sangka heula

Ulah wani ngaheureuyan batur, lamun urang mbung diheureuyan ku batur,,,

Di ajar welas asih ka sasama,,,, mangpang meungpeung A’

A’ ,,,,, ??? horrrrr,,,, na ngadon sare ning diomongan teh,,,,

Beu !! cape’eun jigana tas balik sakola,,,,,

*bari ngusapan sirah budak anu sare neuleukeum kanu meja makan

~ Cag



Tidak ada komentar:

Posting Komentar