Selasa, 17 April 2012

Kai Jati ...


Aya hiji jelema, manehna kapanasan rek NGIUHAN tina panasna panon poe sanggeus gawe. Ari ANU AYA DIDINYA ngan ukur tangkal KAI JATI.
CEUK PIKIRna, ngan ieu hiji2na tempat keur ngiuhan anu aya didinya. Bari cicing dihandapeun eta tangkal kai jati teh manehna ngocoblak dina hatena,,,,
“deuh ieu tangkal teh lamun dipikir2 meni teu guna, dipake ngiuhan ngan ukur kalangkang tangkalna anu bisa dipake ngiuhan teh,,,, keur mah nyelenceung ruhur, jaba daunna loba anu gararing ngadon ngabalaan, paling banter daunna dipake bungkus dahareun”
Ti kajauhan aya sababaraha anu ngaliwat, bari sing geleneng ngaromongkeun anu keur anteng ngiuhan, aya anu nyarita kieu,,,
“naha mun ceuk urang mah mun neangan tatangkalan anu hieum gomplok ku daun jang ngiuhan mah”,,,,
aya oge anu nyarita kieu,,,

“batur ge apaleun tong boroning panas, dalah hujan ge moal bisa nadah cai”,,,
jeung rea2 deui anu ngaromong jeung alesanna.
Sanggeus eta tempat sepi tinu ngiuhan jeung anu ngaraliwat, tangkal JATI teh nyarita sorangan,,,,
“ pek weh kumaha maraneh rek nyarita naon ge, rek ngomong kuring teu bisa keur ngiuhan, euweuh alaeun, teu guna, jeung sajabana,,, eta mah ngan sangkaan jeung prasangka maraneh.
Naha anjeun teu mireungeuh, lamun sabenerna imah jeung gazebo anu dipake ngiuhan maneh teh eta asalna kami, jadi panto imah maneh, jadi jandela oge keur kaca eunteung maneh eta teh kabeh asalna ti kami !
Ke dimana kami geus hese diteangan dimana-mana, anjeun bakal mikir keur neang gaganti kami, anu gunana sarua jeung kami. Nyatana keur ngihuhan, jang kaca enteung, keur panto, oge keur jandela pikeun maneh ningali jeung kaluar asupna caangna panon poe.
nyaman jeung teu nyaman mah ngan prasangka nu aya dina pikiriran maneh. Kitu oge sangkaan jeung prasangka diantara maraneh.
keur kami mah teu masalah !, asal maneh nyaman, genah tur tumaninah,,, !
keur kami, najan geus paeh dituar, atawa rek jadi nanaon ge kumaha karep, najan ancur dipake suluh ge kuring mah tetep nyaman, ka ala manfaatna keur anu masak.
HIJI anu dipikaHARIWANG ku kami mah, bisi dina HIRUP kami teu jadi KAI JATI.


Eonk Odas Eonk Odas

ti : http://ncepborneo.wordpress.com/2011/11/11/kai-jati/



Tidak ada komentar:

Posting Komentar