Selasa, 10 April 2012

Rupa-rupa Leumpang

 RUPA-RUPA LEUMPANG
  1. Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak. 
  2. Déog/péngkor =leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. 
  3. Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho. 
  4. Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté. 
  5. Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki. 
  6. Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté. 
  7. Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering). 
  8. Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing. 
  9. Képoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (méh kawas aksara x). 
  10. Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu rembet kakayon. 
  11. Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra. 
  12. Narabas = leumpang di nu bala atawa di nu rembet kalawan teu miduli cucuk, jsb. 
  13. Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek). 
  14. Néléndén = leumpang budak, anca, pikalucueun. 
  15. Nelenyeng = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang. 
  16. Niliktik = leumpangh budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu. 
  17. Nolog = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék. 
  18. Noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram. 
  19. Ngabadaus = leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk. 
  20. Ngabéngbéos/méngpéos = leumpang teu luak-lieuk (biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jsté).
  21. Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = jarugjag-jarigjeug, leumpang kawas nu mabok, kawas nu rék titotolonjong. 
  22. Ngadédod = (awéwé) nu leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu. 
  23. Ngagidig = leumpang gancang sarta segut. 
  24. Ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngléngkah. 
  25. Ngadudud = leumpang gancang teu luak-lieuk. 
  26. Ngandeuang = leumpang sale, dada ajeg, bari keupat laun. 
  27. Ngagéang = leumpang semu égang. 
  28. Ngageblay = leumpang awéwé, anca, bari keupat laun, geblay-geblay. 
  29. Ngageblig = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tepi ka kadéngé sora blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan) 
  30. Ngagéboy = leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus. 
  31. Ngagégag = leumpang kendor semu beurat awak. 
  32. Ngagéyot/ngagiyet = leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur. 
  33. Ngageuyeuggeung = leumpang laun nu keur gering atawa nu kakara hudang gering. 
  34. Ngagidig/ngagedig = leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig). 
  35. Ngagigeug = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu. 
  36. Ngagilincing = sesebutan keur nu leumpang teu mawa nanaon. 
  37. Ngagiplek = leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek. 
  38. Ngagitek = leumpang awéwé bari semu ngaghutak-gitek bujur. 
  39. Ngalanggéor = leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus katempona. 
  40. Ngaléjég/lajag-léjég = leuleumpangan di hareupeun batur bari ambek. 
  41. Ngalénghoy = leumpang alon lantaran cape. 
  42. Ngaleyad = leumpang anca diaplén. 
  43. Ngeteyep = leumpang laun ( biasana nu keur ngintip) sieun kadéngé atawa katempo ku batur. 
  44. Ngincid = leumpang gancang sorangan. 
  45. Ngingkig = leumpang gancang teu luak-lieuk. 
  46. Ngiciprit = leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang. 
  47. Nyelengceng = leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur). 
  48. Ngungkug = leumpang gancang teu luak-lieuk. 
  49. Nyerenteng/nyirinting = leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek). 
  50. Rarampéolan = leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jsté.). 
  51. Rincug = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sandal/sapatu. 
  52. Sasampoyongan = leumpang gagaléongan (nu keur mabok, jsté.). 
  53. Sésélékét = leumpang diantara jelema loba. 
  54. Seselendep = sarua jeung sésélékét. 
  55. Singkang = leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu ka luar, sabalikna tina képoh. 
  56. Tonggoy = leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu gegeroan. 
  57. Totolonjongan = leumpang kawas nu rék titotolonjong. 
  58. Turugtug, nurugtug = leumpang gancang di nu mudun. 
  59. Tuturubun = turun atawa leumpang rurusuhan, buru-buru. 
Nuduhkeun leumpang lobaan
  1. Ngabring = leumpang babarengan. 
  2. Ngabrul = kaluar atawa indit babarengan. 
  3. Ngaburudul = kaluar ti hiji tempat (lobaan). 
  4. Ngaleut = leumpang babarengan (jalamana leuwih loba ti batan ngabring). 
  5. Ngantay = sarua jeung ngaleut. 
  6. Ngeungkeuy = saharti jeung ngaleut; ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang (paribasa). 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar