Selasa, 03 April 2012

Istilah Babasa'an Sunda

1. Atah Anjang = Langka Silih Anjangan
2. Adigung Adiguna = Takabur, Sombong
3. Ambek Nyedek tanaga Midek = Nafsu gede tapi tanaga euweuh
4. Anjing Ngagogogan kalong = Mikahayang Nu lain- lain
5. Adat kakurung ku Iga = Lampah Goreng Hese Leungitna
6. Alak Paul = Jauh Pisan
7. Aki-aki tujuh Mulud= Geus kolot Pisan
8. Ayem Tengtrem = Tenang teu aya kasieun
9. Asa teu Beungeutan = Awahing ku era
10. Anu Borok dirorojok = Nu titeuleum Di Simbeuhan = Mupuas kanu Keur Cilaka
11. Amis = Hade Paroman
12. Aya jurig Tumpak Kuda = aya Milik Nu teu disangka-sangka
13. Aya jalan Komo meuntas = Aya Kahayang aya Nu ngajak
14. Awewe Dulanhg tinande = Awewe nurutkeun kahayang salaki
15. Amis Daging = Babarian Katerap Panyakit
16. Abong Letah teu Tulangan = Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun Batur
17. Ari umur Tunggang Gunung, Angen-angen pecat sawed = Ari Umur geus Kolot, ari kahayang jiga Budak ngora
18. Agul Ku Payung Butut = Agul Ku Turunan
19. Aya Pikir Kadua leutik = Aya Kahayang
20. Asa ditonjok Congcot = Ngarasa Bungah Pisan
21. Adean Ku kuda Beureum = Ginding Ku Pakean Meunang Nginjem
22. Birit Aseupan = teu Daek Cicing
23. Biwir Nyiru Rombengeun = Resep Nyaritakeun Rusiah Atawa Kasalahan Batur
24. Bengkung ngariungbongkok ngaronyok = sauyunan, Ngariung Babarengan
25. Beurat Birit = Hese Dititah
26. Bali Geusan Ngajadi = Lemah Cai Kalahiran
27. Balungbang Timur = Nuduhkeun Hate Beresih
28. Bobo Sapanon Carang Sapakan = Aya Kakurangan
29. Bilatung Ninggang dage = Bungah Pisan
30. Batok Bulu eusi Madu = Ninggang Lain Pitempatenana
31. Badak Cihea = Degig
32. Bonteng Ngalawan Kadu = Nu hengker ngalawan Nu Bedas
33. Babalik Pikir = Insap
34. Balik Pepeh = Nu gering teu daek Cicing
35. Balik Ka Temen = Asal banyol Jadi Pasea
36. Buntut Kasiran = Medit
37. Bodo Alewoh = Bodo Tapi Daek tatanya
38. Bodo Kawas kebo = Bodo Kacida
39. Beja mah Beja = Beja Ulah Waka dipercaya
40. Bancang Pakewuh = Pikasusaheun
41. Budak keur meujeuhna Bilatung Dulang = Keur Meujeuhna Beuki dahar
42. Bulu Kapaut = Kabawa kuBatur
43. Balabar Kawat = Beja Nu sumebar
44. Beak Dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil Bae
45. Batan Kapok Galah Gawok = Batan Eureu kalah Maceuh
46. Buruk- Buruk Papan Jati = Hade Goreng dulur Sorangan
47. Cueut Kahareup = Tereh Maot
48. Deukeut- Deukeut Anak Taleus = Deukeut Tapi taya nu nyahoeun
49. Disakompet daunkeun = Disamarutkeun
50. DibejerBeaskeun = Dijentrekeun, Dieceskeun
51. Dog dog Pangewong = Acara Panambah
52. Dibabuk Lalaykeun = Dibabuk Kenca Katuhu
53. Dagang Oncom rancatan Emas = Teu Saimbang
54. Dihin Pinasti Anyar Pinanggih = Papantes Geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
55. Dug Hulu Pet Nyawa = Usaha satekah Polah
56. Elmu Ajug = Bisa Mapatahan Batur, Ari Sorangan teu Bisa Ngamalkeun
57. Gantung Denge = Masih dedengeun
58. Ginding Kekempis = Ginding tapi Sakuna Kosong
59. Gede Gunung Panaggeuhan = Boga andeleun, Pedah Boga Dulur Beunghar
60. Garomengmengeun = Taya Kasabaran
61. Galehgeh Gado = Sagala Di Caritakeun
62. Garo Singsat = Pagawean Awewe Dina aya ka teu Panuju
63. Gurat batu = Pageuh Kana Jangji
64. Goong saba Karia = nonjolkeun Maneh sangkan kapake ku dunungan
65. Goong nabeuh Maneh = Ngagulkeun Diri sorangan
66. Getas hareupan = Gancang Nafsu
67. Gindi Pikir Belang Bayah = Goreng Hate
68. Hampang Birit = Daekan Kana Gawe
69. Hambur congcot murah Bacot = Goreng Carek Tapi berehan
70. Heuras geunggerong = Omongana Sugal
71. Hade Gogog Hade Tagog = Jalma Sopan
72. Hutang salaput Hulu = hutangna Kaditu Kadieu
73. Hurung Nangtung Siang leumpang = Nu Beunghar pangabogana dipake
74. Hejo tihang = Sok Pundah Pindah Gawean
75. Harigu Manukeun = Dadana Nyohcor Kahareup
76. Haripeut Ku teuteureuyan = Gampang Ka picot Ku pangbibita
77. Harewos Bojong = Ngaharewos tapi Kadenge Ku Batur
78. Mandap Lanyap = Omongana lemes Tapi ngahina
79. Halodo sataun Lintis Kuhujan sapoe = kahadean mang taun- taun leungit ku kagorengan sakali
80. Heureut Pakeun = Kurang Kaboga
81. Hampang leungeun = gancang tunggal teunggeul
82. Iwak Nantang sujen = Ngadeukeutan Pibahayaeun
83. Inggis Batan Maut Hinis = Paur Pisan
84. Jalma Atah Warah = Teu Narima Didikan Sacukupna
85. Jati Kasilih ku Junti = Pribumi Kaelehkeun Ku Semah
86. Jauh-Jauh Panjang gagang = jauh- jauh teu Beubeunangan
87. Kawas anjing Tutung Buntut = Teu Daek Cicing
88. Kawas Anjing Kadempet Lincar = Gogorowokan Menta Tulung
89. Kawas Bueuk Meunang Mabuk = Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
90. Kurung Batok = Tara indit- inditan jauh
91. Kawas Beusi Atah Beuleum = beungeutna Beureum awaning Ambek
92. Kokolot Begog = Budak Pipilueun Kana Urusan Kolot
93. Kawas nu dipupul Bayu = Leuleus taya tangan Pangawasa
94. Kumaha Geletuk Batuna, Kecebur caina = Kumaha Brehna
95. Kejot Borosot = Gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
96. Kabawa ku sakaba- kaba = Kabawa ku nu teu puguh
97. Kahieuman Bangkong = Jiga beunghar Pedah katitipan barang batur
98. Katempuhan Buntut Maung = batur nu boga dosana urang nu katempuhanana
99. Kawas cai dina daun taleus = Taya Tapakna
100. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
101. Kelek jalan = Deuket tapi jalanna taya nu lempeng
102. kawas jaer kasaatan = teu daek cicing
103. kawas gaang katincak = jempe
104. kawas hayam panyambungan = lumbang- limbung teu puguh
105. Kawas kuda leupas tina gedogan = ngarasa bebas
106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot nu kababawana
107. Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
108. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
109. Kokoro manggih Mulud = makmak- mekmek
110. kawas kedok bakal = goreng patut pisan
111. kaliung kasiput = loba baraya beunghar
112. kawas kapuk ka ibunan = leuleus taya tangan pangawasa
113. Kalapa Bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun sorangan
114. kawas kacang ninggang kajang = nyariatna capetang tur gancang
115. kawas nyoso malarat rosa = malarat pisan
116. Kulak canggeum = milik nu geus ditangtukeun Ku gusti Allah
117. Kembang Buruan = Budak Nu keur Resep Ulin
118. Kawas leungeun Palid = Uyap ayap teu daek cicing
119. kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
120. Kawas merak = beuki kana cengek

 Akang Urang Sunda

2 komentar: