Senin, 09 April 2012

Ngaran-ngaran Wangunan

Bagan = saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk (masangkeun sirib atawa jaring), di Banten disebutna bagang.
Balandongan = adegan saheulaanan pikeun narima sémah; tenpat kamonésan di nu kariaan.
Balé = adegan wangunan.
Balé bandung = tempat ngabandugan paréntah raja.
Balé désa = kantor pamong désa.
Balé watangan = kantor pangadilan.
Bédéng = imah leutik atawa imah dipétak-pétak pikeun pagawé leutik upamana baé imah kontrakan.
Bédéng = tempat pabinihan karét, kopi. Entéh jsb.


Elos = adegan nu biasana tara dibilikan sabudeurna, paranti nyimpen bahan piimaheun.

Garduh = wawangunan leutik sisi jalantempat ngajaga kaamananatawa tempat pangreureuhan nu ngaronda.
Gosali = adegan tempat digawé panday (tukang nyieun parabot tina beusi).

Imah = wangunan tempat pamatuhan jalma.
Istal/gedogan = kandang kuda.

Jobong = kamar atawa imah leutik nu némpél di imah batur.
Jongko/kios = adegan pikeun tempat dagang.

Karapyak = kandang munding atawa sapi.
Kobong = kamar leutik.

Langgar = adegan tempat salat atawa diajar ngaji (di pakampungan).
Leuit = wangunan paranti nyimpen paré.
Lio = adegan paranti nyieun kenténg atawa bata.

Masigit = adegan gedé paranti salat.
Masjid = adegan gedé paranti salat.
Masjid jami = masigit nu teu sabaraha gedéna, nu aya di unggal tempat, paranti salat (jumaahan).

Pagupon = kandang japati.
Paranjé = kandang hayam.

Ranggon = saung nu luhur pisan kolongna; saung nu aya di luhur kai paranti ngintip sato.

Saung = adegan leutik di kebon, di huma, atawa di sawah, paranti reureuh patani.
Saung lisung = saung paranti nyimpen lisung atawa paranti nutu.
Sorondoy = wangunan leutik nu ditémpélkeun ka imah dipaké nyimpen kai, parabot paranti nyawah jsté.

Tajug = masjid leutik di pakampungan.

Iing Firmansyah Iing Firmansyah

5 komentar: