Selasa, 17 April 2012

Nyerengeh seuri olangan,,, hehee


Nun Gustii ,,,,
anu Maha Netepkeun sagala tektekbengek,,, sareng Maha Wijaksana
sim kuring nitenan deui mangsa katukang sajarah penting hirup diri,,,
nitenan takdir-takdirNa anu tos kalangkung,,,
aya anu lulus, aya anu kena virus
virus merekedeuweng, virus kahayang, virus syahwat, oge virus fulus,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,
naha beheula kudu sakola di SD, SMP, SMA jeung kuliah didinya,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,



naha baheula kuring kudu cicing di imah nu jadi Aki 6 bulan jeung diajar,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha kuring kudu kawin umur ngora,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha jodo kuring jeung manehna,,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha kuring kudu ngalaman lempang anu sakitu jauhna ti bypass ka cililin cipatik,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha kuring kudu ngalaman gawe ngagambar dipabrik,,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha kuring kudu ngalaman diajar aliran anu dianggap kubatur sesat,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha Anjeun ngahadirkeun awewe sejen anu hese mohokeuna,,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha kuring kudu wawuh jeung jalma-jalma jiga kitu,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha kuring kudu ngalaman kajadian anu teu dipiharep,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

naha baheula kuring melian buku nepi ka ngabrugbrug dina lomari, anu sakapeung kuring reuwas jeung helok macana eta eusi buku,,,
ayeuna kuring nyerengeh,,,

kunaon kuring ayeuna beuki Internetan, nga-blog jeung pesbuk-an
ayeuna kuring nyerengeh seuri olangan,,,


nampa saeutik tina rusiahNa
titenan sajarah diri
titenan takdir urang saacana
panggihan jeung prediksi takdir alus pikahareupeun,,,
hayu,,, urang babarengan nyerengeh jeung kuring,,,
nuhun GUSTIIIII ,,,,,

Eonk Odas Eonk Odas

Ti : http://ncepborneo.wordpress.com/2010/12/10/nyerengeh-seuri-olangan-hehee/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar