Selasa, 03 April 2012

Tilem

Geus tilem ngaran anjeun di dasar sagara rasa nu pangdasarna
naha pikeun saheulaanan atawa jang sapapanjangna?
 lebah dinya diri ukur bisa ngalelebah

Poma ulah barang tanya
inggis, sukma urang kahudang deui
ku impian-impian riwan nu ngaririwaan
 ku kalangkang-kalangkang heulang nu ngahihileudan

Sabab kiwari geus taya deui ungkara rasa nu kudu dikedalkeun siga kamari
geus garing cimata tresna moal rék dikaluarkeun deui
geus jempé taya galécokna simpé nu biasa teu weléh mépéndé haté nu ngageuri
capé…lungsé…

Geus dipendem ngaran anjeun na pajaratan rasa nu pangbunina
naha teu tibelat nepi ka luluasan ngejat?
 lebah dinya diri ukur bisa ngalelebah

Poma ulah rék nganaha-naha
atuh duriat nu paragat
éta mah meureun geus aya gurat
natrat ngagurat na leungeun nasib
 geus nasib!


  Opienika Thea

Tidak ada komentar:

Posting Komentar