Selasa, 03 April 2012

Antara TINA jeung TI NU, DINA jeung DI NU, KANA jeung KA NU

TINA jeung TI NU, DINA jeung DI NU, KANA jeung KA NU

Antara tina jeung ti nu, dina jeung di nu, kana jeung ka nu

Kadieunakeun remen kabandungan nu cacarita sok patukeur antara kecap-kecap nu disebut dina judul ieu tulisan. Padahal jelas bédana.

I. Kecap tina nyaéta kecap pangantét nuduhkeun tempat asal leutik atawa barang asal (bahan). Dina kalimahna gé langsung dituturkeun ku kecap barang. Béda jeung ti nu, nyaéta kecap pangantét (ti) geus ditambahan ku kecap gaganti payambung(nu), nu dituturkeun ku katerangan anu teu tangtu. Boh obyék atawa katerangan.

Conto larapna dina kalimah:

a. Comro dijieunna tina sampeu. (lain ti nu sampeu)
Tina tangkal jambu, Jang Udi nalingakeun munding nu keur diangonna.

b. Jang Udi nalingakeun munding nu keur diangonna ti nu luhur. (teu disebutkeun naon nu luhur téh, naha tatangkalan, saung ranggon atawa nu séjénna), dina harti tempatna teu pasti.

“Ti saha dibéré duit téh?” Ceu Tati nanya ka anakna.
“Duka teu kenal, da ti itu tuh, ti nu keur calik” témbal anakna. Di dieu teu jelas saha ‘nu keur calik’ téh? Naha lalaki atawa awéwé?

II. Kecap dina nyaéta kecap pangantét nuduhkeun tempat nu heureut, nyaéta bisa katempo sageblengna (upamana: meja, korsi, lomari, palang dada, lapangan jsb). Dina kalimahna gé langsung dituturkeun ku kecap barang nu dipaké tempat. Béda jeung di nu, nyaéta kecap pangantét nuduhkeun tempat lega(di) geus ditambahan ku kecap gaganti payambung(nu), nu dituturkeun ku obyék teu langsung atawa katerangan anu teu tangtu.

Conto larapna dina kalimah:

a. Buku téh sok wéh ditunda dina méja. (lain di nu méja)
b. Tutundaan téh kudu di nu luhur bisi kahontal ku budak. Di dieu teu jelas naon nu luhur téh. Naha lomari, palang dada, atawa di para? Teu tangtu, pokona mah nu luhur weh.

III. Kecap kana nyaéta kecap pangantét nuduhkeun tempat/barang nu ukuranana leutik. Dina kalimahna gé langsung dituturkeun ku kecap barang nu dipaké tempat. Béda jeung ka nu, nyaéta kecap pangantét (ka) geus ditambahan ku kecap gaganti payambung(nu), nu dituturkeun ku katerangan anu teu tangtu, boh barang atawa tempat.

 Conto larapna dina kalimah:

a. Tidagor kana tihang (lain ka nu tihang)
Duit téh dibeulikeun kana pakéan
b. Mending bikeun wé duit téh ka nu butuheun (teu jelas/teu tangtu nu butuheun téh saha-sahana)


Conto-conto nu séjénna:

Kuring nyokot pakéan tina lomari
Emas téh ditunda dina cepuk
Sangu diwadahan kana piring
Tentara ngawaskeun musuhna ti nu buni
“Enya mah wani, tuh cokot di nu jangkung gedé”, cenah bari nunjuk ka hiji dedegan nu keur nangtung sisi jalan.
Ka nu sami-sami hadir di ieu riungan, sumangga dihaturanan kanggo ngadugikeun kamandangna.

“Kajaba urang Sumedang nu sok maké kecap kanu, dinu jeung tinu téh. Éta mah kaasup basa dialék/basa wewengkon. Mun lain urang Sumedang mah salah”, ceuk Kang Budi Rahayu Tamsyah basa kuring ngahaja ngolongan pamanggihna.

Cag.

 Iing Firmansyah

2 komentar: