Selasa, 17 April 2012

Kasadaran anu Sadar


Kasadaran anu Sadar
Ngahudangkeun kasadaran kana diri
pikeun manggihan kasajatian

Ku-kasadaran, manusa bakal nepi kanu hakekat “diri” sarta kabukana yen aya anu HAKIKI.
Nalaah mimiti tina kasadaran fisik nepi kasadaran transcendental dimana sajatina manusa nyaeta lain fisik. Kasadaran bisa dimulai tinu sederhana.

Orok (jabang bayi) anu mimti lahir ku proses anu alami. Lahir lain menang kahayang jeung pamenta manehna, manehna teu ngarti keur naon dilahirkeun, teu mawa nanaon, di tataranjang jeung can boga kaera. Terus kaayaan sabudereuna mere kasadaran sacara lalaunan (bertahap). Mimiti dibere ngaran, boga cirri (identitas) awewe atawa lalaki. Diajarkeun ngaran-ngaran anggota awak, ieu lengen, ieu suku, ieu sirah, jst… batas kasadaran anu kacida heureutna.


Kasadaran ieu ngabeungkeut sabatas naon anu ditarima (dikanyahokeun), nepikeun “diri” kaborgol jeung kalungli-lungli kusabab teu ngarti jeung teu nyaho, saha sabenerna diri ieu teh.
Awak/badan nyaeta anu ngiket dina jiwa manusa. Lamun manusa ngalakukeun sikep anu ngiket jeung alam/dunya sakulilingna, Jiwa-na bakal kakurung jeung kabebasana (kasadaranna) kaborgol. Kusabab kitu manusa dina kahirupana kudu ngalepas bengkeut/borgol ti alam/dunya sakulilingna. Maksduna manusa kudu mulai sadar katerbatasan/kamampuan dirina anu salila ieu dijurumuskeun ku pengetahuan/kanyaho anu geus matri dina pikiran, yen diri teh lain sabatas lengen, suku, sirah, sarta anggota badan sejena anu katingali.
kasadaran model kieu kudu dilakukeun kulatihan jeung kanyaho sacara imanen transendental (pangalaman langsung).

Naon sabenerna ieu awak/badan…?

Saeutik ngamisilkeun bayangan kasadaran ngenaan diri sugan jeung sugan aya gambaran.….
Diibaratkeun kaayaan ieu teh siga kaayaan caangna dihiji kota, anu ngalir ti pusat listrikna. Babandingan ieu jadi lewih nanceb jeung seukeut lamun disadari ku elmu yen naon anu aya dina kahirupan sapopoe ditingali (sadari) yen bentuk awak manusa teh sabatas tina garis anu nyata. Jadi kanyataan ieu anu “nipu” manusa ku kanyahona. Angseuna napas anu asup kanu awak, terus sakaligus ngaluarkeun zat residu asam arang, padahal lewih anu aya dina sangkaana/anu dibayangkeunna, manusa… erek logam, emas, beusi, waja, tutuwuhan, gunung, bumi katut alam samesta kabeh oge sabenerna rentetan tina kajadian-kajadian atawa proses. Dimana sagala alam lahir/aya kasusun ku sanyawa-sanyawa kimia anu disebut atom.

Tina akhir analisa anu arana atom-atom ieu nyaeta hiji unit tanaga listrik, anu energi positip (proton) jumlahna sabanding jeung energi nehatipna (electron). Dijero atom ieu terus-terusan satiap detik luncat jeung ngalakukeun pancaran. Panceran anu euweuh eureuna tina daya listrik. Ku gancangna anu kacida, ngajadikeun eta panceran anu teu pernah eureun, manusa teu mampu ningali ku mata buncelik, kacuali ku kasadaran “elmu” anu cukup.

Kunu teu “awas” ningali gunung jiga anu kuat/kokoh nangtung ditempatna, padahal manehna ngageser jiga awan anu katiup ku angin. Jadi lamun benda-benda katut manusa anu ngajadi tina esensi alam ngarupakeun kumpulan anu gede ku ayana “renteten kajadian” tina panceran listrik. Didieu moal kasampeur/kasebut deui naon-naon anu padet atawa baku (tetap). Bahan anu ngajadi tina bentuk alam jeung manusa geus lain benda atawa zat-zat, tapi “aksi” yaeta rentetan aliran tina kajadian-kajadian. Teu heran lamun tina bahan-bahan anu labil ieu kabentuk alam anu sok barobah, ngawujud tina bentuk ka bentuk kuhiji proses.
Nepi didieu kasadaran manusa asup kana tahap anu rada abstrak, dimana “titingalian” manusa saolah-olah lengit tina bentuk awak/badan anu salila ieu disadari. Jelas kasadaran ieu ngabingungkeun kasadaran anu salila ieu geus matri.

Tapi urang geus nyoba ngahudangkeun kasadaran anu leuwih luas, nyaeta kasadaran dimana awak/badan lain jiga angkeuhan anu salila ieu. Awak nyaeta susunan tina inti materi anu satiap saat robah jeung ganti. heuleutna kasadaran yen awak teh lain lengen, suku, sirah, jsb, Tapi geus robah ngaluas jadi kasadaran universal, nyaeta kasadaran anu euweuh watesna (tanpa batas). Dina tingkat kasadaran ieu memang rada ngabingungkeun, mana wujud manusa anu sabenerna. Sabab geus
ditulusur beki rinci, yen awak anu tadina dina “sadar” teh miboga ciri awewe atawa lalaki anu boga rupa kasep jeung geulis, saeutik-saeutik kahapus ku kasadaran anu lewih luas, nyaeta kasadaran jagat raya atawa disebut makrokosmos. Yen wujud /awak ieu teu sasempit baheula. KURING lain ukur lengen, suku, sirah, jeung anggota badan sejena hungkul. Tapi awak teh angin anu hirup, atom-atom anu ngalayang silih ganti jeung benda anu sejena, awak teh kumpulan tina atom-atom anu pada ngiket, ngiket jeung tutuwuhan, sato, bumi, oge jeung jagat anu maha lega. Sangges nyaho/apal esensi ieu awak. Nyaeta kasadaran anu HAKIKI anu ngagerakkeun jeung ngatur alam samesta.

Lamun zat-zat (atom-atom) awak manusa jeung benda-benda dijero alam geus kapaham mangrupakeun rentetan kajadian-kajadian, sarta manurut kahayang hakiki, jadi atom-atom hirup lain kahayang sorangan, tapi aya “sosok” anu lain salain dirina. Dimana manehna hirup nurutkeun kakuatan anu maha gede (dahsyat).
Anu laleutik (atom-atom) patuh ka anu teu bisa disasamakeun jeung naon oge. Nyatana wujud anu absolute. Benda-benda (atom-atom) eta paeh, Tapi bisa gerak jeung dihirupkeun ku hiji kakuatan anu maha gede. Nyaeta metakosmos anu boha hirup, anu gagah, anu ngalimpudan sagala benda.

Lamun manusa geus turut jeung taat kanu boga hirup ngaluruskeun awak jeung jiwa-na, pasrah kana katangtuan. Ieu awak bakal taat saperti taatna alam samesta tanpa make rekayasa, hirup saperti hirupna ieu alam, sarta hirupna bakal rapih (teratur) nincak dina aturan sakumaha matahari jeung planet-planet anu teu tabrakan.

Kitu oge minurut pikiran anu logis, yen ayana diri (mikrokosmos) jeung alam samesta (makrokosmos) geus ngajak kasadaran pikeun nepi kana pembuktian ayana anu maha gaib (metakosmos).
Anu disadari lain fisik jeung anu sadar oge lain fisik. Kasadaran teu make perantara alat, tapi langsung. Kusabab kitu palaku/subjek anu sadar eta jelas lain fisik jeung lain fungsi fisik, tapi hiji substansi anu beda jeung fisik nyatana HIRUP tinu boga HIRUP.

Eonk Odas Eonk Oda

Ti : http://ncepborneo.wordpress.com/2011/01/01/kasadaran-anu-sadar/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar