Tampilkan postingan dengan label undak usuk basa. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label undak usuk basa. Tampilkan semua postingan

Selasa, 10 April 2012

Rupa-rupa Seuri

RUPA-RUPA SEURI




  1. Seuri -> lemesna gumujeng --> ngedalkeun rasa suka, bungah atawa resep, ku sora ngahahah, ngehkey, jste. 
  2. Seuseurian --> seuri lila. 
  3. Nyeungseurikeun --> seuri ditujukeun ka nu kalakuanana teu psrok jeung batur. 
  4. Ngajak seuri -->seuri bari nyanghareup ka batur jeung némbongkeun budi marahmay. 
  5. Seuri konéng = seuri maur --> (kecap-kecapan), seuri bari rada éra atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ambek. 
  6. Seuri leutik --> seuri ditahan atawa seuri jero haté. 
  7. Nyalakatak --> seuri ngeunah sarta bedas ngagakgak. 
  8. Nyéréngéh --> seuri teu nyoara tapi némbongkeun huntu. 
  9. Héhéh, ngahéhéh atawa ngahihih --> seuri ditahan. 
  10. Gikgik, ngagikgik --> seuri ditaha 
  11. Heuheuy atawa heuheuy deuh --> kantétan pikeun ngageuhgeuykeun omongan batur. 
  12. Imut -> lemesna mésem --> seuri leutik, seuri ukur ku kunyemna biwir, henteu nyoara. 
  13. Imut kanjut --> imut ku cara ngariutkeun biwir. 
  14. Imut ngagelenyu --> imut rada lila lantaran kayungyun ku polah batur. 
  15. Kéom atawa kényom --> imut rada ka gigir biwirna.


Rupa-rupa Leumpang

 RUPA-RUPA LEUMPANG
  1. Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak. 
  2. Déog/péngkor =leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. 
  3. Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho. 
  4. Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté. 
  5. Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki. 
  6. Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté. 
  7. Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering). 

Rupa-rupa Diuk

RUPA-RUPA DIUK
  1. Andegléng = diuk ajeg tumaninah dina korsi. 
  2. Andéprok = émok rékép. 
  3. Anjeucleu = diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur. 
  4. Campego = cingogo kawas aya nu didagoan. 
  5. Candeluk = diuk sabaraha lila kawas aya nu didagoan. 
  6. Cangogo/cingogo = nagog, peta saperti nu keur bubuang. 
  7. Émok = diuk awéwé, sukuna duanana ditikelkeun semu ka gigir ditindihan ku dua pingping. 
  8. Émok cabok = émok nu pingpingna dipatumpangkeun. 
  9. Nagog = cingogo. 

Obahna Suku

OBAHNA SUKU
  1. Jéngké = ngangkatkeun keuneung nepi ka napak ku ramo suku.
  2. Najong = ngeunakeun (ramo) suku kalayan ngagentak kana barang, jsté.
  3. Nalapung = nyépak (bal, jsté) ka luhur ku tonggong suku (sanggeus dialungkeun heula).
  4. Nalipak = nyépak ku dampal suku.
  5. Néjéh = nyépak ku suku tukang (kuda, kaldé, jsté).
  6. Nincak = napakkeun dampal suku.
  7. Nokér = ngésérkeun barang ku suku rada ka gigir atawa ka tukang.
  8. Ngajejek = nincak barang ngagentak ku dampal suku.
  9. Ngaréngkas = ngahalangan léngkah batur ku suku urang (sina labuh).
  10. Nyépak = ngeunakeun suku kalawan maké tanaga kana barang (bal, jsté).
                                               


Obahna Leungeun

OBAHNA LEUNGEUN
  1. Garo, gagaro = ngeruk-ngerukkeun ramo leungeun (kuku) kana kulit lebah nu ateul.
  2. Garo ganyang = gagaro saluar awak.
  3. Garo maling = gagaro bari teu sadar, keur saré.
  4. Garo singsat = gagaro bari nyingsat, lantaran geus teu sabar, atawa lantaran ambek (awéwé).
  5. Garo-garo teu ateul = gagaro tukangeun ceuli, nandakeun bingung atawa keuheul.
  6. Gupay, ngagupay = ngobahkeun leungeun tanda nitah nyampeurkeun, nyalukan ku isarah leungeun.
  7. Gugupay = ngobahkeun leungeun tanda mileuleuyankeun (nu indit atawa nu mileuleuyankeun).
  8. Malédog = ngalungkeun batu, jsté. Kalawan tarik, kana sato: anjing, jsté.
  9. Mencét = neueulkeun atawa ngadempétkeun indung leungeunjeung curuk kana barang, bagian awak, jsté.
  10. Mencétan = neueul-neueulkeun indung leungeun kana awak batur nu karasa carangkeul atawa nyareri sangkan cageur.

Sesebutan ka Jelema

SESEBUTAN KA JELEMA




  1. Aki-aki = lalaki nu geus kolot pisan.
  2. Balég tampélé = mangkat begér, wani di tukangeun, ari di hareupeun éra kénéh.
  3. Bijil bulu mayang = saharti jeung balég tampélé.
  4. Budak = anak jalma nu can balég.
  5. Budak gumélo = budak nu san boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak kénéh, kira-lira umur 2-4 taun.
  6. Budak kamalolé = budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daék cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna.
  7. Budak pahatu = budak nu geus teu boga indung (ditinggalkeun maot).
  8. Budak yatim = budak nu geus teu boga bapa (ditinggalkeun maot).
  9. Budak pahatulalis = budak nu geus teu boga indung teu boga bapa.
  10. Bujang = lalaki nu geus balég tapi can kawin.

Senin, 09 April 2012

Undak-Usuk / Tatakrama Basa Sunda


UNDAK-USUK / TATAKRAMA BASA SUNDA

Abus, asup                                  Lebet                            Lebet
Acan, tacan, encan                  Teu acan                      Teu acan
Adi                                                 Pun Adi                        Tuang rai, rayi
Adu, ngadu                                 Aben, ngaben           Ngaben
Ais, ngais                                     Ngemban                    Ngemban
Ajang, keur, pikeun                Kanggo                         Haturan
Ajar, ngajar                                 Ngajar                           Ngawulang,
Aji, ngaji                                       Ngaji                              Ngaos
Akang                                           Akang                           Engkang
Aki                                                  Pun aki                         Tuang éyang, éyang
Aku, ngaku                                 Aku, ngaku                    Angken, ngangken
Ali                                                   Ali                                   Lélépén
Alo                                                 Pun alo                         Kapiputra, tuang putra
Alus                                               Saé                                 Saé

17 Pupuh (Palanggeran & Watek)


17 PUPUH
(PALANGGERAN & WATEK)
Ku: Iing Firmansyah

Dina pupuh aya nu disebut palanggeran/patokan, nyaéta guru wilangan jeung guru lagu.
Guru wilangan nyaéta lobana engang (B. Ind : suku kata) dina unggal padalisan/jajar.
Guru lagu nyaéta sora vocal engang panungtung dina unggal padalisan.
Lobana padalisan (jajaran) dina unggal pada (B. Ind: bait) gé geus ditangtukeun.
Pon kitu deui, unggal pupuh miboga watek/sipat sewang-séwangan.

Conto guru wilangan jeung guru lagu:
PUPUH KINANTI
Bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung (8-u)
Ba-ba-ku nga-pung-na peu-ting(8-i)
Nga-la-yang ka-ka-la-yang-an (8-a)
Né-a-ngan nu a-mis-a-mis (8-i)
Sa-ru-pa-ning bung-bu-ah-an (8-a)
Na-on ba-é nu ka-pang-gih (8-i)

Kecap Panganteur


Dina basa Sunda aya nu disebut Kecap Panganteur, boh kecap panganteur pagawéan boh kecap panganteur kaayaan. Ieu kecap téh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Urang titénan geura...!
Am --> dahar
Barakatak --> seuri
Bek, habek --> dahar
Berebet --> lumpat
Beretek --> lumpat
Béréwék --> soék/soéh
Biur --> 1). Ngapung, 2). lumpat
Blak --> nangkarak
Blok --> bahé
Blug, geblug --> 1). labuh, 2). ragrag/murag (barang gedé sarta beurat)

Ngaran-ngaran Wangunan

Bagan = saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk (masangkeun sirib atawa jaring), di Banten disebutna bagang.
Balandongan = adegan saheulaanan pikeun narima sémah; tenpat kamonésan di nu kariaan.
Balé = adegan wangunan.
Balé bandung = tempat ngabandugan paréntah raja.
Balé désa = kantor pamong désa.
Balé watangan = kantor pangadilan.
Bédéng = imah leutik atawa imah dipétak-pétak pikeun pagawé leutik upamana baé imah kontrakan.
Bédéng = tempat pabinihan karét, kopi. Entéh jsb.

Ngaran rupa-rupa Omongan


Ancad laér = ngomongna anca pisan.

Céntal, pacéntal-céntal = paséa, paréa-réa omong.

Eur-eur/garap = kabiasaan ngomong nu harésé rék pok/ngomong arap-ap areup-eup.

Galantang, ngagalantang = nyarita atawa pidato panjang tur tatag.
Galécok/garécok = nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun.
Garihal = omongan kasar matak nyentug kana ati.
Gebah, ngagebah = ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur reuwaseun.
Gebés, ngagebés = nyentak, ngahuit.

Kecap Sesebutan Waktu


Sakedét nétra --> (asalna sakedép nétra), kedép=kiceup. Jadi sakedét nétra hartina sakiceup, nucuhkeun waktu nu sakeudeung pisan.
Sakilat --> nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, méh saharti jeung sakiceup, diupamakeun kana (lilana) kilat nu ngaburinyay.
Sapanyeupahan --> nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana, kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyeupah.
Sapangéjoan --> nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung anu keur ngéjo (nyangu)
Saumur jagong --> kira-kira tilu bulan satengah
Sataun landung --> sataun leuwih

Kecap sesebutan kaayaan / sipat barang


1.       Nuduhkeun Warna
Beureum --> euceuy
Bodas --> nyacas
Bodas --> ngeplak
Héjo --> ngagedod
Hideung --> cakeutreuk
Hideung --> meles (dilarapkeun kana buuk jalma atawa bulu sasatoan)
Hideung --> lestreng
Konéng --> enay
Konéng --> umyang (dilarapkeun kana pakulitan jalma)

Ngaran Patukangan

ANJUN                     =      tukang nyieun parabot tina taneuh
BUJANGGA            =      tukang nyieun/nulis carita
CANDOLI                 =      tukang ngajaga pabéasan di nu kariaan (biasana awéwé)
GENDING                =      tukang nyieun parabot tina kuningan
KABAYAN                =      tukang dititah ka ditu ka dieu
KAJINEMAN           =      1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
KAMASAN              =      tukang nyieun parabot tina emas atawa pérak
KEBOJENGKENG =      tukang ngagusur padati
KULAÉR                    =      kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung
KUNCÉN                  =      tukang ngurus kuburan
LEGIG                       =      tukang ngasruk dina pamoroan
MALIM                     =      tukang nalukkeun sasatoan
MARANGGI           =      tukang nyieun landéan jeung sarangka keris
MEREBOT                =      tukang nakol bedug
SARAWÉDI              =      tukang ngagosok permata
PAKACAR                =      bujang, juru ladén
PALATUK                 =      iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
PALÉDANG             =      tukang nyieun parabot tina tambaga
PALIKA                     =      tukang teuleum (ngala lauk)
PAMATANG           =      tukang moro nu sok ngagunakeun tumbak
PAMAYANG           =      tukang ngala lauk di laut
PANDAY                  =      tukang nyieun parabot tina beusi
PANINGGARAN   =      tukang moro
SARATI                     =      tukang ngusir gajah

Dicutat tina PEPERNIAN

Iing Firmansyah Iing Firmansyah

Ngaran Kekembangan


Kembang awi = eumbreuk
Kembang bako = bosongot
Kembang bawang = ulated
Kembang bolang = ancal
(bolang=sabangsa teleus jarah/liar nu jadina di nu bécék)
Kembang boléd = téla
Kembang cabé = bolotot
Kembang cau = jantung
Kembang cengék = péncéngés
Kembang eurih = ancul

Ngaran anak sasatoan

Anak anjing = kirik/kicik
Anak bagong = begu
Anak bandeng = nanar
Anak banténg = bangkanang
Anak bangbung = kuuk
Anak bangkong = buruy, bancét
Anak belut = kuntit
Anak bogo = cingok
Anak boncél = bayong
Anak buhaya = bocokok
Anak deleg/gabus = boncél/ kocolan/kokocolan

Kecap sesebutan bilangan nu dilarapkeun kana barang


KECAP SESEBUTAN BILANGAN NU DILARAPKEUN KANA BARANG NU TANGTU
(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda putra-putri sadérék)

Ambekan = sadami
Awi = sabébék
Awi = saleunjeur (satangkal)
Awi = sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)
Bako = salémpéng
Bangsal = sacangi (sasiki)
Bawang = sasihung (sasiki)
Béas = sacanggeum
Bilik = sailab (sagebing)
Boéh = sarirang (tilu iket)

Selasa, 03 April 2012

Pedaran Sisindiran

PANGJAJAP

Mireng anggota ieu grup sareneng sisindiran, sim kuring seja jabung tumalapung sabda kumapalang ngaguar perkawis sisindiran. Nanging dihapunten, kalayan teu gaduh maksad mapatahan ngojay ka meri.

Nu dipiharep malah mandar sasieureun-sabeunyeureun janten nambihan pangaweruh ngeunaan sastra Sunda hususna sisindiran, utamina kanggo nu teu acan uninga naon ari sisindiran. NYANGGAKEUN....!

SISINDIRAN

Sisindiran nyaéta karya sastra (Sunda) anu diwangun ku cangkang jeung eusi, masing-masing dalapan engang (B. Ind; suku kata). Dina umumna, sisindiran diwangun ku opat padalisan/jajar (dua padalisan cangkang jeung dua padalisan eusi).

Conto Sisindiran nu diwangun ku opat padalisan:

Istilah Babasa'an Sunda

1. Atah Anjang = Langka Silih Anjangan
2. Adigung Adiguna = Takabur, Sombong
3. Ambek Nyedek tanaga Midek = Nafsu gede tapi tanaga euweuh
4. Anjing Ngagogogan kalong = Mikahayang Nu lain- lain
5. Adat kakurung ku Iga = Lampah Goreng Hese Leungitna
6. Alak Paul = Jauh Pisan
7. Aki-aki tujuh Mulud= Geus kolot Pisan
8. Ayem Tengtrem = Tenang teu aya kasieun
9. Asa teu Beungeutan = Awahing ku era
10. Anu Borok dirorojok = Nu titeuleum Di Simbeuhan = Mupuas kanu Keur Cilaka

Lalaki raheut hatena

LAMUN pareng keur cicing hareupeun hawu, bari meuleum sampeu, diharudung ku samping butut, teu poho ngelepus udud daun kawung, dibarengan ku hiliwirna angin isuk, teu poho cai kopi pait sagelas. Ari diuk luhureun jojodog, geus pasti bari milang katunggara, ngitung ka bingung. Da kusabab hate keur gudawang , lain kulantaran raheut kakadek bedog atawa kakeureut raheut ku peso. Da puguh ieu mah gudawangna oge lantaran kanyeunyeurian kusabab bebene direbut batur. Eh, lain direbut ketah, da puguh manehna hayangan kanu lain.

Lamunan tinggal lamunan, da geuning ari keur ngarandapan ka sedih mah naon anu katenjo ku panon teh sagala rungseb, nenjo ember siga tutunggul kubur, nenjo cai es rujah kalapa siga dahdir, nenjo mobil ge apan siga beca butut anu ngadon camberut. Diuk dina jojodog asa ngalayang kakalayangan, sok rus ras kana sumeblahna manah, asa hayang teuing ngajol ka jurang anu jero, atawa ngadagorkeun sirah kana tihang listrik. Cai kopi pait teh asa beuki pait, melel, geus teu wawuh deui jeung letah, bener…. sok hayang nyeblokkeun cai kopi kana rarayna anu geulis, nu geus ngaraketan hate, udud daun kawung mah geus puguh, da tidituna oge hangru, bau, asa mingkin hangru, hanyir nu aya.