Babasan disebut oge kacapangan atawa motto nu kacida dipiwanohna ku masarakat Tatar Sunda, nya eta SILIH ASIH - SILIH ASAH - SILIH ASUH; sok disingget istilahna jadi SILAS Malah ku Universitas Pasundan mah, kungsi dijadikeun bahan seminar Internasional babarengan jeung Universitas Cartein ti Perth, Australia Kulon, dina taun 1995.
Tepi ka waktu ieu, can loba nu ngabahas kalawan jembar naon bae nu kaasup SILAS atawa Silih Asih, Asah jeung Asuh teh.
Upama dianggap yen SILAS teh mangrupa hiji sistim, geus tinangtu urang kudu neangan unsur naon bae nu kaasup SILAS teh. Moal henteu eta unsur-unsur teh kudu jadi pituduh anu positif pikeun tingkahlaku atawa rengkak polah manusa enggoning hirup kumbuh di lingkungan masarakatna. Kapan mungguhing manusa teh kaasup homo socius, tegesna mahluk anu hirupna kukumbuhan. Tambah eces deui yen SILAS teh alat pikeun campur gaul, nyaeta ku ayana kecap SILIH. Ieu kecap teh tuduh kana ayana pagawean anu pabales-bales (resiprokal), hartina aya dua pihak, atawa nu dianggap dua pihak boh sabage subyek boh sabage obyek.
Sanggeus nitenan sawatara kamungkinan, unsur naon bae nu kudu nyampak dina unggal aspek SILAS tea, kapapay aya sawatara unsur anu raket tumalina, nyaeta: