Rupa-rupa Leumpang
 RUPA-RUPA LEUMPANG
- Boyot                    = leumpang kendor bangun beurat awak. 
 
- Déog/péngkor  =leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. 
 
- Dohot-dohot     = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho. 
 
- Égang/égol         = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté. 
 
- Gonjléng             = leumpang awéwé bari  ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki. 
 
- Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté. 
 
- Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering). 
 
- Jingjet                   = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing. 
 
- Képoh                   = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (méh kawas aksara x). 
 
- Kukurubutan     = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu rembet kakayon. 
 
- Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra. 
 
- Narabas               = leumpang di nu bala atawa di nu rembet kalawan teu miduli cucuk, jsb. 
 
- Neker                   = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek). 
 
- Néléndén            = leumpang budak, anca, pikalucueun. 
 
- Nelenyeng          = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang. 
 
- Niliktik                  = leumpangh budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu. 
 
- Nolog                    = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék. 
 
- Noyod                  = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram. 
 
- Ngabadaus         = leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk. 
 
- Ngabéngbéos/méngpéos = leumpang teu luak-lieuk (biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jsté).
 
- Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = jarugjag-jarigjeug, leumpang kawas nu mabok, kawas nu rék titotolonjong. 
 
- Ngadédod           = (awéwé) nu leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu. 
 
- Ngagidig               = leumpang gancang sarta segut. 
 
- Ngadigleu            = leumpang kendor, semu bareurat ngléngkah. 
 
- Ngadudud           = leumpang gancang teu luak-lieuk. 
 
- Ngandeuang      = leumpang sale, dada ajeg, bari keupat laun. 
 
- Ngagéang            = leumpang semu égang. 
 
- Ngageblay           = leumpang awéwé, anca, bari keupat laun, geblay-geblay. 
 
- Ngageblig            = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tepi ka kadéngé sora blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan) 
 
- Ngagéboy           = leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus. 
 
- Ngagégag            = leumpang kendor semu beurat awak. 
 
- Ngagéyot/ngagiyet = leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur. 
 
- Ngageuyeuggeung  = leumpang laun nu keur gering atawa nu kakara hudang gering. 
 
- Ngagidig/ngagedig = leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig). 
 
- Ngagigeug           = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu. 
 
- Ngagilincing        = sesebutan keur nu leumpang teu mawa nanaon. 
 
- Ngagiplek            = leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek. 
 
- Ngagitek              = leumpang awéwé bari semu ngaghutak-gitek bujur. 
 
- Ngalanggéor      = leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus katempona. 
 
- Ngaléjég/lajag-léjég = leuleumpangan di hareupeun batur bari ambek. 
 
- Ngalénghoy        = leumpang alon lantaran cape. 
 
- Ngaleyad             = leumpang anca diaplén. 
 
- Ngeteyep            = leumpang laun ( biasana nu keur ngintip) sieun kadéngé atawa katempo ku batur. 
 
- Ngincid                 = leumpang gancang sorangan. 
 
- Ngingkig               = leumpang gancang teu luak-lieuk. 
 
- Ngiciprit               = leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang. 
 
- Nyelengceng     = leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur). 
 
- Ngungkug           = leumpang gancang teu luak-lieuk. 
 
- Nyerenteng/nyirinting = leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek). 
 
- Rarampéolan     = leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jsté.). 
 
- Rincug                   = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sandal/sapatu. 
 
- Sasampoyongan = leumpang gagaléongan (nu keur mabok, jsté.). 
 
- Sésélékét            = leumpang diantara jelema loba. 
 
- Seselendep        = sarua jeung sésélékét. 
 
- Singkang              = leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu ka luar, sabalikna tina képoh. 
 
- Tonggoy               = leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu gegeroan. 
 
- Totolonjongan  = leumpang kawas nu rék titotolonjong. 
 
- Turugtug, nurugtug = leumpang gancang di nu mudun. 
 
- Tuturubun          = turun atawa leumpang rurusuhan, buru-buru. 
 
Nuduhkeun leumpang lobaan 
- Ngabring              = leumpang babarengan. 
 
- Ngabrul                                = kaluar atawa indit babarengan. 
 
- Ngaburudul        = kaluar ti hiji tempat (lobaan). 
 
- Ngaleut                                = leumpang babarengan (jalamana leuwih loba ti batan ngabring). 
 
- Ngantay               = sarua jeung ngaleut. 
 
- Ngeungkeuy      = saharti jeung ngaleut; ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang (paribasa). 
 
 
 
 
 
          
      
 
  
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar