Obahna Leungeun
OBAHNA LEUNGEUN
- Garo, gagaro              = ngeruk-ngerukkeun ramo leungeun (kuku) kana kulit lebah nu ateul.
 
- Garo ganyang            = gagaro saluar awak.
 
- Garo maling                = gagaro bari teu sadar, keur saré.
 
- Garo singsat               = gagaro bari nyingsat, lantaran geus teu sabar, atawa lantaran ambek (awéwé).
 
- Garo-garo teu ateul    = gagaro tukangeun ceuli, nandakeun bingung atawa keuheul.
 
- Gupay, ngagupay     = ngobahkeun leungeun tanda nitah nyampeurkeun, nyalukan ku isarah leungeun.
 
- Gugupay                      = ngobahkeun leungeun tanda mileuleuyankeun (nu indit atawa nu mileuleuyankeun).
 
- Malédog                      = ngalungkeun batu, jsté. Kalawan tarik, kana sato: anjing, jsté.
 
- Mencét                        = neueulkeun atawa ngadempétkeun indung leungeunjeung curuk kana barang, bagian awak, jsté.
 
- Mencétan                   = neueul-neueulkeun indung leungeun kana awak batur nu karasa carangkeul atawa nyareri sangkan cageur.
 
- Meureup                     = ngeupeulkeun leungeun.
 
- Meureupan                = ngeupeulkeun leungeun diacung-acung, nangtang atawa ngajak gelut ka batur.
 
- Nakis                             = nahan paneuggeul batur ku leungeun, supaya ulah keuna kana awak.
 
- Nakol                            = neunggeulkeun barang teuas ku leungeun kana barang séjén: nakol bedug, nakol goong, jsté.
 
- Naleukeum                = nempatkeun leungeun atawa siku duanana nu dipaké nahan awak, kana méja, kana barang nu malang.
 
- Nampiling                    = neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.
 
- Nanggeuy                   = mawa barang dinadampalleungeun ditamprakkeun, leungeunna tina semet siku sina ajeg (nanggeuy baki, jsb).
 
- Nangkeup                   = ngadekkeun barang jsté, bari ngeukeupkeun leungeun duanana (ilaharna dilakukeun ka jelema).
 
- Nangkeup sirah        = nyekel sirah beulah tukang ku leungeun duanana nu ramona dipacorokkeun.
 
- Nangkeup harigu     = nempatkeun leungeun duanana sina julat-jalit dina harigu.
 
- Néké                             = ngetrok sirah atawa tarang batur ku tonggong ramo nu ditikelkeun.
 
- Neunggeul                  = ngeunakeun leungeun sakuat-kuatna supaya batur nyerieun.
 
- Ninjul                            = nekenkeun tungtung ramo kana awak batur, biasana kana cangkéng.
 
- Noél                              = ngeunakeun tungtung curuk kana awak batur, maksudna méré béja atawa isarah.
 
- Nepak                           = ngeunakeun dampal leungeun atawa ku dampal ramo opatanana.
 
- Nonjok                         = ngeunakeun peureup kalawan tarik.
 
- Nunjuk                         = nuduhkeun ku curuk.
 
- Nungkup                     = nutupan nu molongo ku leungeun, nutupan sungut nu keur heuay.
 
- Nuyun                          = nungtun, nyekelan leungeun budak, jsté, dibawa leumpang.
 
- Ngajembél                  = nyiwit rosa ku indung leungeun jeung tengah-tengah curuk.
 
- Ngaléng                       = nyangkolkeun leungeun kana leungeun batur nu aya di gigireunana palebah taktak.
 
- Ngarameus                 = ngalembutkeun barang ku ramo limaanana jeung dampal leungeun.
 
- Ngarawu                      = nyokot barang (laleutik) ku dua dampal leungeun nu diréndéngkeun sarta dikewungkeun.
 
- Ngarongkong             = nyodorkein leungeun (awak milu obah) pikeun nyokot barang nu rada anggang, teu katepi bari diuk.
 
- Ngélék                          = barang bawa dina kélék didempét ku peupeuteuyan.
 
- Ngéprét                       = ngobahkeun leungeun baseuh digentakkeun supaya cai nu napel ngaracleng; ngobahkeun leungeun (ramo limaanana) ngagentak kana awak batur (biasana kana beungeut) supaya nyerieun.
 
- Ngeupeul                    = nyekel barang dina lengeun nu dikeupeulkeun (barangna digenggem ku ramo limaanana).
 
- Nyabok                        = nampiling, neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.
 
- Nyakar                          = ngoét tapi leuwih parna ku kuku kabéhanana.
 
- Nyawuk                       = nyokot barang (laleutik; béas, keusik, jsb) ku ramo kabéhanana jeung dampal leungeun sakaligus.
 
- Nyewol                        = nyokot atawa ngalaan ku leungeun rada loba (nyewol sangu, nyewol pais lauk, jsb).
 
- Nyintreuk                    = ngabetrikkeun tungtung jajangkung kana awak batur (biasana kana ceuli) supaya nyerieun; kana sato leutik (sireum, laleur, jsb) supaya paéh.
 
- Nyiwit                           = ngeunakeun indung leungeun jeung tengah-tengah curuk (nyapit) kana awak batur supaya nyerieun.
 
- Nyokot                         = mindahkeun barang tina tempatna, boh jauh boh deukeut, ku leungeun pikeun dipaké, didahar, jsb.
 
- Nyokél                          = mukakeun barang, peti, jsb. anu teu bisa dibuka, ku alat saperti linggis, obéng gedé, jsb.
 
- Nyolék                          = nyokot atawa ngalaan barang beyé/leuleus (sangu, jsb) mku ramo atawa ku parabot, séndok, jsb.
 
- Nyolok                          = ngasupkeun barang nu panjang kana liang; ngasupkeun curuk kana liang irung, jsb.
 
- Nyomot                       = nyokot barang saeutik ku tungtung ramo (béas, tipung, sangu, jsb).
 
- Sidakep                        = merenahkeun leungeun duanana kana dada.
 
 Iing Firmansyah
 
 
 
          
      
 
  
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar